Salaka Edisi Online

Galindeng Kacapi Diri (2)

Carita Nyambung : D.K. Pitaloka

Asa cik keneh manehna wawuh jeung Ika teh, padahal geus nahun, tapi katineung atina tetep nganteng, najan ngaliwatan rorongge kahirupan oge. Mimitina basa keur libur panjang smester hiji, manehna balik ka lembur, harita kabeneran aya barudak mahasiswa salahsahiji paguron luhur nu keur KKL (Kuliah Kerja Lapangan). Manehna ku lurah diwanohkeun ka ketua kelompok nu ngurus widang perpustakaan.
“Neng tah ieu jalmina nu bade mantuan Eneng teh, jenenganana mah pun Deni. Kaleresan nuju aya di lembur, sok ka inyana we bilih aya taroskeuneun mah!” Ceuk Lurah.

Manehna unggeuk binarung imut maur, nu dituturkeun ku nyolongkrongkeun leungeun sasalaman. Kadenge Nyi mojang nikukur lalaunan tapi jentre”, Ika”, cenah. Ku lantaran Ika jeung babaturanana perelu nepungan ketua RW, kapaksa dianteur, bari ngobrol leumpang ka kidulkeun. Barang nepi ka sasak Cisaledri, nyi mojang ngarandeg”. ”Duh meni herang kitu caina, nya Kang? Resep Ih”, pok na. Puguh we disebut akang teh mani asa hiber, rasa bungah jeung bagja nyaliara jadi hiji.”Muhun”, cenah.”Di kota mah tos teu aya nya, cai walungan nu ngagenclang kieu?”
“Numawi atuh, da eta nu garaduh pabrik alim rugel”.
“Maksad Ayi?” Manehna nyebut ayi pedah geus diakangkeun.
“Pan eta teh, proses mikroorganisme kana bahan-bahan organik. Mikroorganisme teh bakteri nu nyeepkeun unsur organik dina limbah, nya eta unsur C, H, O, NSP. Bakteri janten akseptor oksigen nu butuh 0, akibatna 0 dina cai DO na janten minus. Kumargi seep, bakteri ngamangpaatkeun unsurr 0 di luar cai (dina hawa sareng dina taneuh sisi walungan), nya eta N02, ku kituna kaluar NH3 nya eta amoniak, tina nyeepkeun SO2 kaluar H2S (sulfurik), eta margina cai janten kaambeu bau. Nu ka jalmi nimbulkeun rasa ngurel, campur lieur”.

“Kedah kumaha tah, ngungkulanana?” Tanya manehna panasaran campur reueus. Hatena ngarenyem “Pinter Si Geulis teh”.
“Tiasa, di antawisna aliran caina kedah diturbulensi, hartosna, dialitan, diageu-ngan, dialitan deui, diageungan, kitu we salami saminggu. Nanging upami walungan ageung mah nya sesah oge, da kedah ti huluwotan. Na di urang huluwotan walungan diatur ku irigasi? Pan henteu. Cara kadua, sapertos dina akuarium, kedah nyedot hawa lajeng dialirkeun kana cai walungan, sina ngabelekbek. Mung eta ge sesah, margi caina kedah alit sareng ngeyembeng, sapertos akuarium we”.
“Euleuh upami teu diungkulan mah atuh saumur-umur ge moal robih nya?”
“Nya moal, kajabi pamarentah kedah konsisten sareng konsekwen dina ngajegkeun aturan, ka unggal pabrik. Janten unggal pabrik kedah wantun ngolah limbah sateuacana dipiceun. Mung nyakitu waragadna sanes sakedik. Sakumaha sanggem abdi tadi, yen nu kagungan pabrik alim rugel. Wios ngarugelkeun batur we”. Pokna rada ngageuri.

Sabot sukuna ngalengkah nuluykeun hanca ngajugjug imah ketua RW, aya hiji rasa nu beda, mucunghul tina selasela kareueus, ku teu sangka mahasiswi tingkat hiji jurusan sosial, naha bet ngarti kana widang kimia? Wah, ceuk hatena, nu kieu pipamajikaneun mah. Kasawang jelemana loba maca. Panasaran hayang nyosok jero. “Ke punten dupi ayi, kawit ti mana?”
“Abdi mah urang dieu”. Pokna daria.
“Naha geuning akang teu terang?”
“Duka atuh”. Tembalna, heureuy.
“Eeh sanes kitu…”
“Wios, entong atuh ari sanes mah” Nyi mojang ngadelek. Manehna gugup. Teu sangka Si Geulis wani ngaheureuyan.
“Iih ari ayi…” Pokna bari rada bareureum semu era.
“Muhun akang, abdi mah urang dieu, dibabarkeun di dieu, mung sakola sareng gaul di kota. Kaleresan pun bapa sareng pun biang ngalih ka kota. Nanging pun nini mah, jumeneng keneh, tuh di Citamiang”.
“Oooh kitu? Panginten atuh akang teu terang. Kuliah teh di FISIP, nyah?”
“Muhun, jurusan Sosial”.

Ti harita, salila barudak mahasiswa KKL di lembur manehna, asa taya poe nu kaliwat, pikeun patepung atawa ngobrol jeung Ika. Kabeneran deuih, kawas nu sahate, da buktina, Ika mindeng nyieun alesan ka pembimbingna sangkan boga waktu pikeun tepung jeung manehna. Waktu nu tilu minggu teh estu dimangpaatkeun, sangkan silih teuleuman leuwih raket. Najan eta geus kadenge, aya nu ting kecewis mah. Ah ceuk rarasaan, kuma uing we, salila teu ngarugikeun batur mah. Da nu sok haharewosan mah, pastina ge jalma nu sirik, atawa hariwang, atawa euweuh gawe. Bari hate leutikna mah ngaku, kudu rada ati-ati bisi nyigeung rasa moral urang lembur. Anehna boh indungna boh bapana, kawas nu nyatujuan, barang dibejaan yen Ika teh putuna Ibu anu.

Hiliwirna angin gunung nu nebak kana awak maranehna duaan, kawas nu mepende hate, basa dariuk dina batu di pasir Angsana. Duanana ngabudalkeun rasa kaasih, nu kawas geus moal bisa dipupus deui, ngundeur kadeudeuh meh unggal poe.
“Ika bageur”, pokna. “Terus terang we akang mah di sagedengeun bagja teh, aya rasa laif, rumaos urang sapertos nu sanes babad sanes pacing, sanes campaka kuduna. Nanging sok sanaos kitu, akang teu tiasa nukang-nonggong kana kanyataan nu dipayunan”.
“Teu sangka kang Den, tangtungan mahasiswa, nu cenah kandidat pipaming-pineun, kagungan raos kitu. Rupina emutan teh masih keneh kabulen ku carios Siti Nurbaya. Benten deui, upami Kang Den cangcaya ka abdi. Nanging apan panginten kedah ngalangkungan logika anu objektif”.

Ngadenge basa kitu, dada manehna ngarenghap, tapi rasa nu ngemplong bari bungangang hese dipondahna. Ragamang lalaunan leungeuna ngusap buuk Ika nu panjang ngarumbay, hideung lestreng, cacak tara make sampo. Usap deudeuh nu bijil tina sanubari bodas, karasana ku Ika leuwih lemes batan buludru buatan Irak. Beungeutna ngalieuk semu ngadangheuak, teup dua sinar panon nyambung, binarung geter nu hese disebutkeunana.

Beungeut Ika nyusup ka dada Deni, bari hatena ngocoblak sumerah mercayakeun hirupna. Teu karasaeun cipanonna ngalembereh, kebek rasa bagja.
“Hapunten nya Ka, sanes akang nyamarutkeun atanapi ngahompetdaunkeun. Mung biasana, istri atanapi sepuh istri, sok ningal kagaduh calon pamegetna. Eta ge teu sadayana kitu, bari akang percanten Ika mah moal kitu. Mung ari hate mah aya ngagurat, inggis ku bisi rempan ku sugan”.
“Wajar Kang”. Tembalna bari teu ngaleupaskeun rangkulan geugeut”. Mung rupina akang lali, apan cenah amor vincit omnia et nos gedamus amori, cinta kawasa ngelehkeun sagalana. Upami cinta urang sanes pupulasan, tangtos eta paribasa teh tiasa dianggo”.
“Ika tos uninga saha akang, kulawarga akang, dulur-dulur akang. Kasawang panginten, akang mah sanes jalma aya. Eta oge………”
“Stop…” Ika napelkeun ramo kana biwir Deni. “Urang di dieu, sanes bade pagirang-girang tampian, sanes bade ngagul-ngagul payung butut. Urang mah urang we. Sanaos pun bapa kasebat jalma aya saur nu sanes, da sanes nu abdi. Sanes nu pun bapa deuih, da eta mah sakadar titipan wungkul. Salaku jalmi nu iman, panginten urang gaduh tangtungan, apan cinta, asih, deudeuh mah langsung ti Nu Mahasuci, upami hiri dengki jail kaniaya, tur kaijid kangewa, eta mah panginten ti iblis. Teu langkung ari pamendak akang kumaha?”.

Karasa eungap, deuleu ituh, geuning urusan kayakinan agama ge manehna leuwih jero batan aing, ceuk hatena.
Ah..Ika..Ika..” Gereyemna.

Nu keur silih banjur kaasih, kagareuwahkeun ku abrulan manuk Piit, nu hiber bari ting caricit, horeng sieun ku Dadali, nu ngalayang rada beh luhur. Sora pucuk awi nu sumaer kadenge lir simponi nu mapaes kaendahan.
“Muhun nya”. Manehna kakara engab. ”Meni eleh ku Si Kabayan, cenah geuning hirup mah durang duraring, susah senang kuma urang. Nu penting kedah sae sangka, da Nu Mahasuci sok ngabul kana sangkaan hate manusa. Kitu sanes Ustadah?” Manehna milu heureuy.
“Janten kumaha saena atuh?”
“Urang cindekkeun we geulis, urang ayeuna papada nuju tolabul ilmi, apan faridotun. Urang rengsekeun, dugi ka kapetik hasilna kaala buahna. Tah tos kitu nembe urang tatahar, mayunan hirup dina neraskeun lalakon”.
“Ah nu sanes ge seueur nu kuliah bari nikah, na akang teu sieun direbut batur?”
“Kuliah bari nikah teh nyesahkeun sepuh, sanes akang pijalmaeunana atuh, apan waragad kuliah ge meni seuseut seuat, pun bapa teh. Teu......, akang teu sieun Ika direbut batur, da akang percanten, cinta Ika mung nu akang, duka tapi ketah…”.
“Eey”. Jeletit aya ramo nyiwit kana pingping. Deni rada ngagurubug, tapi ditahan. ”Meni kitu, duka teh, duka naon? Akang cangcaya nya?”
“Henteue.....”.
“Akang percanten teu kana papagon?”
“Papagon nu mana, bageur?”
“Saur sepuh, jodo pati bagja cilaka, sanes urusan manusa”.
“Leres, tapi pan qudrat tiasa dirobih ku irodat, tegesna gumantung kana usaha urang”.

Selengseng kaambeu seungit campaka, kasurung ku angin reureundahan. Pluk hiji aya nu murag, kawasna geus rada kolot. Duanana meh bareng ngarongkong kembang nu murag tina tangkalna. Deni ngelehan maneh, kembang beunang ku Ika. Tuluy daun nu mungkus kembang teh dibukakeun, seug diambeuan bari semu peureum. Geus kitu diasongkeun kana irung Deni, sina diseuseup.
“Ti mana nya Kang?”
“Ti luhur, pan ieu nu disarandean teh tangkal campaka. Malaikat ngintun Ika. Terangeun ari ka mojang geulis, pinter bari sholehah mah, malaikat teh”. Deni ngomong bari imut.
“Ngaledek..ah, kembang murag ku angin”.
“Haar pan angin teh aya nu niup, nya malaikat”.
“Hey Ajengan, tos sonten, wangsul yu, bilih barudak milarian!” Ika cengkat tina diukna.
“Aeh muhun kalalanjoan nya urang, meni teu karaos, asa cikeneh pisan”.

Duanana carengkat, bari ngepruk-ngepruk urut diuk, rek muru ka landeuh. Karek ge Deni ngalengkah, sukuna nyorodot, gebut tibeubeut, sukuna nilep. Ika ngagoak reuwas. ”Akang!”, cenah bari muru, tapi Ika ge sarua tisorodot, atuh jadi duaan patumpuk. Deni katindihan. Ika geus nguniang hudang. Deni mah ngagoler keneh, bari nyengir tayohna pigeulangan sukuna misalah. Nempo Deni kitu, Ika nyekel suku Deni, bari pinuh kadeudeuh, tembong panonna ngembeng. Ika inget kana latihan dasar Wanadri, geuwat Deni dicengkatkeun, tuluy leungeunna disangkeh, lalaunan dibawa ngalengkah, mudun. (Hanca)***

Deherba