Salaka Edisi Oktober 2009

Lagu - Lagu Sunda

Pasundan Eksiganda

Eh Pasundan eksiganda
Kuring nyaah ka andika
Andika teh tanah endah
Uparengga nusantara
Sugih jiwa sugih bahan
Linuturan kawibawan
Eh Pasunda eksiganda
Kuring nyaah ka andika

Sabilulungan

Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat sili rojong
Sabilulungan genteng ulah potong
Sabilulungan persatuan tembong (patembong)
Tohaga (tohaga), rohaka (rohaka)
Teguh tanggoh perbawa sabilulungan (saihwan)
Sadia (sadia), sajiwa (sajiwa)
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan
Sabilulungan hirup sauyunan
Sabilulungan sili pikaheman
Sabilulunan tulung tinulungan
Sabilulungan kukuh persatuan (beungkeutan)
Santosa (santosa), samakta (samakta)
Teuneung ludeung ngajaring kawibawaan (kamanan)
Saihwan (saihwan), sapaham (sapaham)
Nagri nanjung berekah sabilulungan

Sunda Sawawa

Ieu kuring putra Sunda
Putra Sunda nu sawawa
Nu nyaah kana dirina
Jeung budaya karuhunna
Ahliwaris Guruminda, Mundinglaya
Purbasari, Dayang Sumbi, Sangkuriang
He sakabeh Putra Sunda
Putra Sunda nu sawawa
Nu bela kana dirina
Jeung budaya karuhunna
Geura teang Guruminda, Mundinglaya
Purbasari, Dayangsumbi, Sangkuriang

Sunda Mekar

Cacandran para luluhur
Ciri dayeuh bumi pancatengah
Ciri dayeuh pancatengah
Lemah luhurna
lebah lengkobna
lebah padataranana
nagari mukti wibawa
perlambangna congkrang kujang
papasangan
Yasana para dewata
Teu sulaya
di nyatana

Sunda Jaya

Bray siang alam padang narawangan
Tatapakan pangapungan (ajeg)
Alam ieu anu kula (anu kula)
Mataholang raga sukma

Surya medal, kula datang
Surya surup, kula mulang
Datang ti dieu, mulang ka dieu
Kula Sunda ti Ki Sunda
Kula Sunda keur Ki Sunda

Tanah Sunda

Tanah Sunda (wibawa)
Gemah ripah (tur endah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda sawawa
Sing toweksa perceka
Nyangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran, muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya, memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka
Titen kana pakaya,
harta banda pusaka,
mo kaduhung waktu jaga
Anu lian mo wasa,
moal bisa rumaksa,
ngatur ngolah jeung ngariksa

Gembleng sauyunan singkil babarengan
Ngangkat darajat ki Sunda
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia

Deherba