Salaka Edisi Oktober 2009

Sajak & Puisi

Ku Djodi Prihatna

M a n e h n a
(hiji carita ka babaturan nu saihwan)

duh ku manis imutna
leleb anteb, nurih ati nu ningali
ku panjang teuing rambutna
ngagebay diuntun simpay
sorotna netra nu dua
ngaragragkeun iman sakur nu micinta

kuring yakin yen hamo aya tandingna
di dunya anu sakieu legana
ngan manehna, taya deui ngan manehna
jungjunan pangemat brangta

Kota Kembang, awal taun 1968

 

D u a
(keur adi-adi di Parahyangan nu endah)

dulur,
anjeun teu kudu honcewang, geusan nyanghareupan poe isukan
tong waleh samemeh eleh, ulah reureuh mun can paeh

kanyahokeun ku anjeun,
senang teh taya deui koncina, iwal ti diri sorangan
lamun bisa muterna anjeun ka dinya
pasti engke ge pasti, pinanggih jeung kabagjaan

ngan mangkade masing inget, mun seug tujuan geus deukeut
kobong hate tanwande kebek kareueuk
pek piara saterusna, kajujuran kaadilan
jeun hareupeun kasorang suka jeung bagja
sabab ta teh lain bagja, tapina manggih cilaka
hempek bela satuluyna bebeneran
najan nyawang pibahyaeun
sab nu kitu lain bahya, tapi pinareng jeung bagja

tong nyoreang ka tukang anu bayeungyang
terus maju dulur, terus laju
mun pareng peunggas harepan, anggap pikeun pangalaman
bekel hirup, reuntaseun carita nu bakal datang.

Jaladri, tungtung taun 1979

 

di dunya ngan sandiwara

lambak harepan salawasna umpal-umpalan
unggal waktu teu kalarung
nyemprung, ngaberung
neumbag dada meulah jajantung

jungjunan, hirup teh lain ngan keur pangulinan
curak-curak senang-senang, bari teu nyaho ayana hate gudawang

hirup ukur sandiwara
sakapeung mindeng ngoletrak, ieu ati asa disasaak
sakapeung sok rajeun bedah, marudah, guligah
bareng jeung ngejatna sagala kasusah

najan kitu, enung,
mangkade mun nyawa geus sah ti dunya
bakal datang mangsa-mangsa balitungan, na poe nu pamustungan

sanggar panepen, 69

 

balada dua manusa

adi,
direka ieu carita
pikeun tanda, kungsi hirupna dua manusa
nu lumaku sela-sela renghap dunya
nu harita hatena pinuh hariwang
nyanghareupan poe-poe poek caang
geus taya deui harepan, pikeun hirup pikahareupeun
langit teu weleh haleungheum

tapi nya adi,
samar-samar beulah wetan
kingkilaban, tuh, nembongan
diiring haleuang adan, muji luhur ka Pangeran

dua manusa, nu taya lian ti urang
pada neuteup bijilna pajar gumilap
ayeuna hate-hatena kebek ku pangharepan
yen isukan pasti datang kabagjaan
dibarung ku kayakinan
engke deui gogoda geus tangtu sirna

Sarijadi, tungtung maret 2004

 

b a l e b a t

Subuh deui jungjunan duh subuh deui
dipapag haleuang adan
balebat mimiti carangcang caang
nimatna o, ieu hirup nuju ka alam gumawang
pikeun jalma nu taruhu kana tungtunan pangeran

Reureueuk na beungeut peuray
perbawana cahya pajar nu burahay
nafsu jahat sina ngejat
tina awak geus sumirat
hakekat sinar balebat

Bandung 65 (Tjampaka 16-II)

 

K a s i n g l a r
(Ka Kang Edo Suwondho, Jakarta)

Jalan nu kungsi disorang, samar-samar na kikisik nusa mayang
aya mojang mencrang lenjang, nyorangan
gugupay ngondang nu hayang diteang

Leumpang gancang nurutkeun pangwujuk napsu
duh kumaha behna nya diri mun seug lengkah terus laju?
Kingkilaban nu nembongan, tuduh jalan nu ngingetan
sangkan diri aman teu kagendam setan

Jalan isukan ngagela
kuring sadar, lampah sasar
Kiwari komara minuhan dada
kembang taman kasawergan
mekar hegar disiram tresna suminar

Tjampaka 20-II

 

H i j i P a m e n t a
(ka babaturan nu saihwan)

Dulur,
sela-sela rengkak renghapna dunya
sisi basisir lebah jojontorna
pangnyieunkeun pitempateun keur raga kuring nyangsaya
nu salawasna bakal imut ninggalkeun alam maya
sarta ngageubra sare salilana

Mun aya anu leungiteun sarta nanyakeun ka anjeun
tuduhkeun wae urutna nu tinggal taneuh nu beureum

Saterusna tuliskeun ieu puisi na tetenggerna:
Nya di dieu mulangna pamayang
mulang ti sagara katunggaraan
mulang ka alam kalanggengan
pikeun nyanghareupan balitungan

Muara Karang ‘67 (balik tina latihan kamiliteran di muara karang, pasar ikan)

 

K u r i n g

Wujud kuring ma saukur
hiji ruruntuk nu geus lana
sarua kolotna jeung patung-patung bacacaran
sama sakali taya hargana
balarea ge hamo ngajenan

Tapi
keur manehna memang kuring taya pangaji
sabab pasti maranehna teu ngalarti
naon hartina puisi

Pikeun kuring
geus pasti taya bandingna
ieu kuring nu kuring teh
ngalendoan taneuh beureum nu kamari keri keneh
nyaaangan hieumna hate
dina taman kembang-kembang kahirupan

Bumi Siliwangi 81

 

P a m e n t a

Enung, geus lila urang babarengan, ngipukeun asih munggaran
nu kiwari enggeus jadi, mangrupa sirung harepan
salawasna diteuteup ku anjeun pinuh kageugeut
ditema ku carita, enggoning ngareka cita jeung cinta

Ieu ati, duh geuning mikarep di kanyataan
naraptikeun pasini, nyingkirkeun karang kabingbang
nyingkahkeun lambak kasieun, na beber layar balayar
sangkan tepi ka taman, kembang impian duaan

Ku kituna,
pek wujudkeun, duh jungjunan, ucap-ucap baheula
anu kedal handapeun iuh-iuhna tanjung
sangkan lega ieu hate, lir mandean buana

 

W a a s

Baheula lebah ieu jambatan
urang duaan kungsi pasini
rek bumela babarengan
beber layar masing lampar
disaksian ku bulan luhur suhunan

Dua leungeun patarema, imut kareueut
duh teuteup pinuh kageugeut
tanda micinta, jungjunan, tepi ka mana

Kiwari mun kuring nyepi
bari neuteup bulan nu karek nembongan
leungeun pageuh nyekel jariji jambatan
karasa lawasna urang paanggang
nu samar rek tepung deui

Galura 80

 

Sumerah ka Allah

Ku naon bulan ayeuna mah neuteup teh pinuh ku ceuceub?
na iraha kuring nyieun laku teu jeung wiwaha?
na kumaha atuh panangan hirup nu enya?

atawa ngan hate bae rumasa
pedah jadi jalma hina
lumunta ngoreh rejeki
di dunya anjeun, duh Gusti

Sanyatana demi kahirupan manusa
di mana-mana sarua
teu euweuh jeung teu euweuheun
kahayang ngaleuleuwihan nu lian

tapi anjeun Pangeran mo kapalingan
unggal lampah mo leupas tina intipan
ku sab kitu kuring yakin
bari pasrah nya diri ka anjeun Gusti

Bandung, tungtung puasa
Langensari 110 kaca 30

 

D a k w a a n

Ka mana atuh nya indit
hirup karasa berewit
katugenah tetep nyampak
tur hamo bisa ditolak
unggal usik nggal malik
hate henteu weleh ngerik

Gusti, ngan ka Anjeun kuring nyalindung
nyingkahan nguyung kawuyung

Iraha atuh iraha
kabagjaan nu saenyana
di mana oge di mana
kaadilan, bebeneran, sanyatana

Gusti,
kuring ngadakwakeun maranehna
anu kungsi ngalotoran ieu dunya

Panepen ‘69

 

Keur anjeun kakasih

adi, na di mana ngancikna kasatiaan?
iraha hirup teh rek pinuh kabagjan?

Geura nya adi,
gampang bisa baheula urang duaan
masinikeun jangji, rek bumela babarengan
jeung gampang oge ayeuna
megatkeun simpay katresnan

najan kitu
kuring yakin na hiji waktu
urang ngarasa tur rumasa
geus kungsi meunggaskeun hiji harepan
padahal nu sabenerna
urang duaan masih sili pikacinta

ku sab kitu,
hiap adi, balik deui
kuring tetep nganti-nganti
najan naon nu tumiba kana diri
lantaran
kuring jeung anjeun masih keneh sili picinta

Muara Karang 1968
Poe leungitna hiji hate........................

Deherba