Pamijahan, Pajoangan Syeh Haji Abdul Muhyi Mekarkeun Agama Islam Di Jawa Barat
Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG
Pamijahan teh hiji kampung anu pernahna sisi walungan, anu matak lamun walungan caah eta kampung ge kabanjiran. Nepi ka sababaraha imah kabawa palid. Pamijahan sabenerna puseur kampung, ngarangkep puseur Desa Pamijahan. Baheula mah katelahna Desa Bongas, Kacamatan Bantarkalong, Kabupaten Tasikmalaya.
Di dinya aya makam waliyullah SYEH HAJI ABDUL MUHYI bin SEMBAH LEBE WARTAKUSUMAH. Jenengan ibuna nya eta RADEN AJENG TANGANJIAH.
Jarah: Nyusud Tapak Batur Jeung Nyusud Tapak Sorangan (I)
Ku: Eddy Nugraha
Kecap jarah umumna dipake nerangkeun pagawean ngadatangan makam-makam/kuburan kuburan boh makam kolotna, dulur/anakna, batur/luluhur/karamat nepikeun ka jarah ka tanah suci - disunda mah ibadah haji sok disebutna jarah, “Nyuhunkeun du’ana ti sadayana”, misalna, ‘bade jarah ka tanah suci” meureun salah sahijina pedah di deukeut imah pasagi di mekah aya makam,…makamna Sang Khalilullah Sayidina Ibrahim.
Maksud ieu tulisan mah seja ngaguar jarah dina harti nyusud tina dua hal:
Kahiji, nu umum, nyatana jarah ka batur nyusud tapak batur alam batur makam batur jaman baheula nu jadi susudeun urang.
Lomba Tingkat IV Pramuka Pendidikan Luar Biasa di Kuningan
Ku: Hj. Imas Kurniasih, M.Ag-MG.
Kurang leuwih jam 06.30 kuring indit ti komplek Taruna Parahyangan, Ujungberung, Kab. Bandung ka kantor anu pernahna di jalan Cikutra, Bandung. Aya dua alternatip kandaraan nu digunakeun nepi ka kantor Kwartir Daerah Pramuka Provinsi Jawa Barat teh. Nu kahiji make ojeg nepi ka jalan gede, tuluy naek angkot warna pink jurusan Simpang Dago. Pasti eta angkot ngaliwatan jalan Cikutra, patokan eureunna di GOR Citra Arena. Nu kadua, make ojeg langsung tepi ka kantor (lamun keur rusuh jeung kapegat macet). Kabeneran harita keur rusuh, jadi kuring make ojeg tepi ka kantor.





