Ali Sadikin
Ku Djodi Prihatna, A.Md-MG
Gubernur manten DKI Jakarta anu dilandi Bang Ali pupus dina yuswa 82 taun. Salasa tanggal 20 Mei 2008 tabuh 17.30 di RS Gleneagle, Singapur, Letjen TNI KKO-AL (Purn) teh pupus sanggeus dirawat salila sabulan. Jasadna dipulangkeun ka Jakarta poe Rebo tabuh 7 waktu Singapur. Putrana, Boy Benardi Sadikin, nyarita yen jasad ramana rek dikurebkeun di TMP Umum Tanah Kusir, Jakarta, luyu jeung wasiat yen janasahna kudu ditumpangkeun luhureun makam istrina, Nani Sadikin. Cara ngamakamkeun kitu teh nurutkeun gagasan Bang Ali ku anjeun waktu mingpin Jakarta. Inyana konsekwen kana usulanana sorangan, ngingetkeun lahan di Jakarta beuki heureut. Bang Ali ngantunkeun 5 putra jeung 12 putu. Istri kahijina, Nani Sadikin geus ti heula ngantunkeun. Istrina anu kadua, nya eta Ibu Linda Syamsudin Mangaan.
Galindeng Kacapi Diri (Bagian ka 3)
Carita Nyambung : D.K. Pitaloka
Kabeh gambar kalakuan tepung munggaran, tuluy hahadean antara manehna jeung Ika, lir film, taya nu kaliwat. Enya sabenerna mah, teu salah-salah teuing Ika. Manehna ge rumasa kecing, jeung kaduhung kareureuhnakeun. Basa manehna anyar diwisuda, Ika nitah buru-buru nepungan kolotna. Sahenteuna, neundeun neundeun omong atuh, kilangbara nanyaan mah, ceuk Ika harita. Ari manehna ngarasa can sayaga. Mikirna panjang, gawe can boga, kolot batan sakitu, piraku rek nurut ka mitoha. Gengsi. Manehna menta waktu, sataun. Tapi geus sataun teh, masih keneh can meunang pagawean.
Sabar Kana Panyangka
Ku : Drs. M. Sya’roni, M. Ag
Sok sanajan ieu mah ukur ngabejaan bulu tuur, atuh sugan ari dimimitian ku paniatan ati nu wungkul pikeun ngahontal ka ridhoan ti Allah, nya meuereun pamohalan sagemblengna pagawean kudu ambuh-ambuh teu paruguh mah. Cindekna, kuring yakin yen unggal tarekah anu dilakonan bari luyu dina papagon Islam tinangtu kaasup ibadah ka Allah. Kumaha kitu ?
Tah kuring teh boga hiji dongeng enteng, ngan lain lalakon saenyana da ieu mah ukur saur anu saeutikna boga kahayang sugan ditungtungan ku ngajadi bukur.
Eyang Putri Ronggeng Sari
Ku:Aam Amilia
Haseup parukuyan nu ngelun minuhan rohangan nu teu sabaraha lega,ngalantarankeun Husen kabesekan. Batukna teu wudu lila,sanajan geus dicoba ditahan oge.
Sabot kitu Bi Eha,dukun lepus nu kajojo di kampung Saka,keur buburilengan,panonna nenjo kana lalangit. Tidinya terus peureum,gerebeg,gerebeg….,jengker sakeudeung.
“Eyang bade lebet!’ Cek Jumali anu minangka asistenna.
“Tutupkeun hordeng, Cep . Mangga pareureum,” pokna.





