Salaka Edisi Oktober 2009

Dina raraga nyanghareupan PILGUB: Balitungan Jalma Nu Nyebarkeun Fitnah

Ku : Rifqu Fawaj Fauzi

Dawuhan Allah : Waqootiluhum hatta la yakuna fitnatun wa yakunaddinu lillahi, fainin tahau fala’udwana illa’aladhdolimin.

Hartosna : “ Jeung prak peperangan ku maranehna nepi ka teu aya deui gangguan (pitnah), jeung nepi ka agama teh ngan nu kagungan allah bae, tapi upama maranehna geus eureun, ulah aya deui mumusuhan anging jeung jalma-jalma anu darolim.”(Al-Baqarah ayat 193).

Babasan Jeung Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan. Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.

Karajaan Galuh (1)

Ku Asep Idjudin

Panganteur
Nyuguhkeun sajarah Sunda nu dipitembeyan ngawanohkeun Salakanagara (130 M -363 M) engkena dipungkas ku runtagna Pajajaran (1579 M), keur kuring mangrupa kawajiban. Maksud ge hayang ngembarkeun ka balarea seler /etnis Sunda boh entragan heubeul boh entragan anyar, sangkan wanoh kana sajarah Sunda, ulah pareumeun obor, najan kawas tapak meri dina cai.

Manusa Salaku Mahluk Sosial (Ulil Amri)

Ku: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG

Waktu manusa diciptakeun ku Allah, inyana lain ngan dibere tugas amr takwin tapi oge amr taklif. Jadi eksistensina di dunya lain ngan wungkul minangka hamba Allah tapi oge khalifatullah. Anu nulis nyoba medarna kalawan misah. Sawaktu manusa mibanda predikat khalifatullah fil ardl bakal katangen sabage mahluk sosial. Lantaran papancenna sabage khlifatullah jelas aya implikasi jeung pakuat-pakaitna jeung aspek-aspek sosial.

Galindeng Kacapi Diri

Carita nyambung Dyah Kania Pitaloka

Jalan hareupeun Kampus Universitas Salakanagara macet, horeng mahasiswa keur demo. Rupa-rupa komentar panumpang angkot, aya nu nyalahkeun mahasiswa, pedah kabeurangan digawe da kahalangan demo, aya nu satuju kana ketak mahasiswa. Aya oge nu cicing, manyun. Ari manehna, ngadenge nu ngomentar teh ukur mesem. Jrut manehna turun, leos ka hareup ngomong ka supir, bebeja engke balik deui. Supir unggeuk. Manehna seselendep kana sela-sela mobil, nu ngentep tilu baris. Tuluy luncat kana trotoar, laju muru tenda leutik hareupeun universitas.

Tangkal Korma Di Alun-Alun Bandung

Aneh bin ajaib, tangkal korma nu biasana dipelak di wewengkon Afrika, Pakistan jeung Timur-Tengah, dipelak di alun-alun hareupeun masjid raya Bandung, bet buahan. Leupas tina kondisi iklim, PH taneuh, atawa kabiasaan alam, buahanana tangkal korma di Bandung, jadi ciri leuwih ngayakinkeun kakawasaan jeung kaagungan Mahasuci, Alloh SWT. Hartina taya nu mustahil kanggo Alloh SWT mah. Meujeuhna urang sarerea nafakuran diri, geus nepi ka mana, sumujud bakti ka Mahasuci, dina ngalaksanakeun amanah? Boh akidah, ibadah hablumminannaas, boh hablumminalloh. Boh ibadah mahdoh atawa ibadah khoer mahdoh. Utamana dina hirupkumbuh campur gaul, boh sasama mahluk, sasama jalma muslim, atawa leuwih seukeutna antara lalaki jeung awewe, nu muhrimah, atawa nu lain muhrim. Naha teu leupas tina papagon, atawa geus teu make papagon? Subhanalloh.

Sapoe di Demak, Kudus jeung Muria

Ku : Djodi Prihatna SA

Ngayakeun kagiatan wisata, naek jeung turun gunung memang matak cape, tapi kajurung ku rasa hayang nyaho, sagala kacape sirna. Geus lila ieu perjalanan teh direncanakeunana. Aya kana sataun mah. Ngan bapa/ibu guru katut kulawargana wungkul nu arindit teh. Tema nu dipake nya eta dina raraga mieling Hardiknas nu kabeneran ragrag dina tanggal 2 Mei 2004 . Jadi sakabeh staf pengajar SMP Negeri 29 Bandung anu ngagabung kana grup pangajian Al Furqon ngayakeun kagiatan wisata rohani . Demi tujuanana nya eta ngadongdon masjid Demak, masjid Kudus, jeung makam Sunan Muria.

Fungsi Masjid

Tugas atawa fungsi utama masjid nu kahiji nurutkeun hartos kecap, nyaeta tempat sujud. Dina dinten kahiji hijrahna Nabi sumping ka Yatrib anjeunna ngadegkeun masjid di kampung Qubah. Saparantosna eta masjid rampung, anjeunna solat disarengan ku golongan Muhajirin sareng Anshor. “Wasjud waktarib!” Geura sujud ka Pangeran jeung ibadah. (Q.S. Al Alak: 19). Masjid teh tempat solat fardu jeung sunat, boh sacara munfarid atawa berjamaah.

SMP NEGERI 38 BANDUNG, Boga Prestasi Anu Nyongcolang Di Widang Olahraga Jeung Kasenian

SMP Negri 38 Bandung anu pernahna di jalan Borobudur, kuloneun TVRI Bandung, ngabogaan prestasi anu nyongcolang utamana dina olah raga Futsal. Padahal prestasi lianna oge saperti dina widang Bina Mushola POPP, Majalah Dinding, Lomba Lukibra, Ngalukis, Debat Bahasa jrred. boga prestasi anu lumayan. Malah dina bulan Mei nu anyar kaliwat, SMPN 38 oge ngaboyong dua Trophy, jadi juara ka I Pasanggiri Rampak Sekar jeung Paduan Suara sa-Kota Bandung. Hususna dina widang seni, siswa-siswina di bimbing ku Bapak Asep Rahardja jeung Ibu Junengsih,S.sen.
"Hasil tina latihan disiplin teh geuning ngahasilkeun kabungah, Rampak Sekar sareng Paduan Suara sadayana di rebut ku SMP 38 janten Juara ka hiji sa-Kota Bandung ", Cek Pak Asep Rahardja dibarengan ku Ibu Janengsih dina paroman anu marahmay.

Pasang Surudna Pramuka Di Kota Bandung

Catetan pikeun Kakwarcab Kota Bandung, Drs. Edi Siswadi, M.Si
Ku: Djodi Prihatna, S.Bk *)

Sanggeus kemah bakti Pramuka di Tegalega dina raraga HUT Pramuka, masih tacan karasa nambahanana jumlah anggota. Mudah-mudahan ku kagiatan Lomba Kreatifitas tanggal 18 September dina raraga mapag HUT Kota Bandung, impian para pembina sangkan pramuka ngaleuya deui teh bakal cumpon. Samemeh dibagi rapor bulan Juli 2004, kuring meunang beja ti guru honor, yen engke dina waktu pere ahir tahun baris diayakeun perkemahan. Satadina mah bungah hate teh, lantaran tangtu kemah nu rek diiluan ku barudak teh nya eta perkemahan nu biasa diayakeun ku Pramuka. Da memang kitu kuduna atawa waktuna pikeun pramuka ngayakeun perkemahan mah dina waktuna pakanci. Apan pramuka teh salasahiji kagiatan keur ngeusian waktu pere sanggeus dibagi rapor.

<< <  Kaca ka 2 ti 21  > >>

Deherba