Categories: Paraguna
      Date: Oct 23, 2009
     Title: Puisi - Puisi Asep Idjuddin

TALAJAK

Bulan bodas ngawurkeun kasturi
Nyebit lolongkrang ati nu berewit
Da puguh saban menit pagilinggisik jeung hanyirna sisit
Tulang raga nu asalna setra
Geus pinuh ku cacad haregung langsu
Kulit nu limit pamatri asih jaladri
Ramijud ku ku bangbauan ngaburusut
Surat-surat ting alewir nengah hideung selang hawuk
Disuhun kapidangdungan



Teuteup seukeut nu kareueut, geus ceuleuyeu ku leugeut teureup paneumbleuhan
Galantang capetang mentang,teu teu ari ku nyusut buntang
Hiji hiji leungkah diteuteup
Loba mengpar batan lempeng
Karumasa nyaliara
Tapi wawanen ngadadak mugen
Kurungan ngadegdeg disimbut keueung jeung sieun
Najan hate bebeng angger rarasaeun
Teu eungeuh geus pindah hawa
Atuh teu payu kana bulu da luntur manten lebah usum
Deukeut ka magrib kakara apal
Kalangsu teh jauh teuing
Mabal ka tengah amparan rucuk
Hese rek balikan deui

Sora bangbara ngahiung paselang ati ngageuri
Gusti,
Mung hiji sesa harepan
Tamba mulang ngalongkewang
Cipratkeun gofururrohim
Dina kakait useup kamari.

BALAGADIGDEUG

Panon lolong ceuli torek
Boroampar bisa narima pangwadi
Malah nyedek piambekeun
Make jeung asa dicepret
Ngingkig teu beunang di sisilihan

Panon lolong ceuli torek
Liang irung nyucud babaung
Hate rehe
Ngabanding karang curi nu geus medu
Beku matak hese dikoet keked
Nyuruntul ngabegu nguyung

Ijid ka masjid
Sungkan ka ulama
Ngabirigidig ku santri
Ngeplak lampah euwah-euwah
Ngan narah disebut mapande sato

Atuh lapur teu nyaho dikaler-kidul
Teu kaasup rewah mulud
Bari ngaku umat utusan.

BEDA

Kolepatna rasa dina unggal lambaran
Teu matak ngandegkeun niat
Muka poe ku lalangse
Matak bureng jajalaneun
Kasang hideung lebah punduk
Nyampay teu bisa dilaan
Sakalieun nyulusup ka jero kalbu
Panceg asa sagala pangheueuhna
Letah ngacaprak ngabalak mata
Teu saciwit katitipan jati
Da puguh papalingpang antara usik jeung malik

Teu nolih langit nu ceurik
Bangingikna kawas ngajurung laku nu mangprung
Da enya beda pangdenge

Kolepatna rasa nu robah jadi saleser
Ukur ngahuleng sakeudeung
Kop deui kop deui
Kalayar nu molelel pajar ubar
Da enya beda pamanggih

Geus heubeul
Raga, paneuteup,pangdenge, jeung pamake ngagebleg hideung
Jadi asa genah asa betah
Da enya beda tujuan
Marukan aman moal balitungan