Categories: Paraguna
Date: Apr 16, 2009
Title: Tepikeuneun
Carpon: Asep Idjuddin
Karek ngaragamang kana meja computer, leungeunna jol aya nu newak, bari ngomong nongtoreng ditompokeun kana ceulina,” Rek ngarang? Cing nu baleg ngarang teH, ulah nu pikiraneun.Nu bisA mawa batur senang atuh, apan sastra mah dulce et utile. Cing nyuguhkeun teH nu loyog jeung lelembutan, nu ngabumi. Inget baheula ceuk Kang Rustandi Kartakusuma, Hitut cenah, karya kawas nu maneh teH,” Teu didenge, najan kuring ngarandeg, teuing saha nu ngomongna, da puguh nyumput buni di nu caang. Teu puguh dedeg pangadegna. Diantep teH, kalah nerewelang,” Kuring ge nyaho didinya teH geus meh 20 taun kitu peta, pedah hayang boga ciri mandiri.
Tapi pan keukeuh we, sumber dasarna mah nyiwit ti Nietzche. Pedah kabeneran taun 80-an mucunghul teori semiotik ti Praha. Atuh meni asa monyet dibere taraje. Jeung apan piraku teu nyaho, harti saujratna absurd teh ngaco. Pedah eta Iwan Simatupang kungsi ngageunjleungkeun dunya Nusantara ku Merahnya merah? Lain kudu diturutan, tapi kudu diaji, diteuleuman,pikeun ngabedakeun. Padahal taun-taun didinya maca tulisan Anton Chekov, Boris Carlov, Guy De Maupasant, jrrd.,rarasaan kabeh ge realis linier, ukur beda cara nyuguhkeun. Leuheung mun di Sunda aya conto mah pan euweuh. Jawab euy, hayang nyaho motivasina puguh ieu teh,”Pokna deui. Diantep.Manehna geus pok deui,” Kuring nyaho taun 60-an Yus Rusyana kungsi nulis MIANG, tapi ajenna ukur surrealis, eta ge ngan hiji-hijina, da puguh teu bareukieun. Pan meureun nu nangtukeun mah pasar, nu maca, lain didinya ngadalian nu maca.” Kuring ngarenghap nyelapkeun kakeuheul dina bangbalikan rasa, teu kaharti, teu wawuh, can kungsi panggih, naha ieu mangkeluk teh bet kumawani cucungah? Diilik disidk-sidik dipapantes di kira-kira, tina sorana, umurna moal beda jauh, malah rada sahandapeun. Tapi eta omong-omonganana, kawas kuring teh muridna we. Kuring ngagilirkeun awak, rek ngaleos kana meja computer nu geus dihurungkeun. Manehna nongtak deui. Aaeh, ceuk pikir, kudu diladenan ieu mah.
“Ke lanan Ki Silah, andika teh saha? Iraha Jeung timana asup? Naha ujug-ujug norowelang we?” Ceuk kuring bari teu mindahkeun paneuteup tina urut tadi.”Jeung mun andika lalaki, nembongan atuh,”
“Naha teu katempo? Pan ti tadi ge kami mah jeung andika”.
“Maksud andika?” Tanya kuring
“Asa can kungsi ngeser tina raga andika, ti saprak andika gelar ka dunya,”Pokna. Deuleu etah saha mangkelukna atuh ieu teh. “Atuh mun kitu mah asa kateuteuari make tatanya sagala ka kuring”.Rada nyeuneu asa diheureuykeun.
“His nyeta, perkara nu sejenna mah nyaho malah miluan, tapi ngeunaan mucunghulna karep nulis mah, teu katuturkeun,” Cenah.
“Ah pamohalan, ari barang latif komo superlative kawas kitu mah, jadi asa aneh”.
“Teu kudu aneh atawa hemeng, pan tong boro kami, malaikat ge teu kabeh nyaho kana kereteg didinya, iwal nu Murbeng alam,” Pokna.
“Halik atuh, tong nyenyekel peupeuteuyan, kagok!”Karasa peupeuteuyan dicekelan.
“His ke lanan, bejaan heula motivasina nu tadi,”Manehna keukeuh.
“Dasarna mah teu pira, mun kuring nulis, lain asal nulis, tapi kudu da’wah, kudu nepi keun enas najan saayat, makE cara kuring we. Ceuk saha euweuh conto? Ari Juragan Panghulu, apan eta teh guru mursid kuring. Mun kitu andika kurung batok, teu nyaho di hitut bau, kawas budak satepak.Laan heula etah poko jaringao tina embun-embunan, kakara ngomong”. Ngahaja ku kuring dihina. Hayang nyaho ketakna.
“Atuh matak naon mun kawas da’i langsung, babari kaharti. Teu kudu nyamuni dina basa jeung tulisan,” Pokna.
“Tah beuki kaciri yen anjeun, teu nyaho cara ngalengkah. Manuk hiber ku jangjangna,,jalma hirup ku akalna sacarana-sacarana. Apan ageman teh rasional, tegesna dibulak-balik dibungkus dipulas ge, galeuh-galeuh jati na mah mo matak luntur. Angger bakal nongerak, moal katipu ku semu, bakal sing haleuang, da diwadahan dina cupu manik astagina, dituruban ku mandepun, diteundeun di parapatan, kapanggih ku nu ngaliwat, mo burung dirawu dipangku. Jeung kudu apal, sariring dumadi sarengkak saparipolah, rongrong gogodongan uteuk tongo walangtaga, kabeh bakal ditanya. Naha renghapna nafas dua asup dua kaluar moal ditanya kitu? Mana komo utek curuk dina keyboard, ditungtun ku bobodas hate, di pilih kecap ku otak, hartina totalitas, rek kasingsal tina pananya? Moal, apan koleangna kalakay salambar ge teu leupas tina panalingaan. Jadi kacida laifna andika teu kungsi muka saweuyan beungeut, teunincak sigay sadapan. Atuh komo kana riutna jukut nu katungkul pamulu lamu. Dalah batu wae, bejad nepi ka ngocorkeun cai, malah ngaguprak bakat ku era jeung sieun. Naha ari andika teu ngukur ka kujur teu nimbang ka awak teu minangsaraya rasa?”
“Maksud andika?” Pokna deui
“Enya hirup kudu taliti ati-ati, ka hareup ngala sajeujeuh ka tukang ngala salengkah, nu alus sineger tengah, jeung teu kudu usil tual-toel ka batur. Baca diri.Saha? Timana? Rek kamana? Singkahan kalakuan nu pangbabarina, nyempad, nyawad, ngomongkeun, moyok. Cenah geuning bangkong dikongkorong kujang ka cai kundang cameti..da kole. Ulah ngomong memeh leumpang kudu rintih ati-ati mangkade. Najan batur leuweung gangong sima gongong, wayahna diri mah kudu ngaku ranggecik di tengah leuweung. Dina harti saluhureun langit aya langit. Jadi teu kudu alak-alak cumampaka, ieu aing uyah kidul, meni asa pangheueuhna. Salila aya mangpaatna cokot, matak mubadir mah, tinggalkeun we, teu hese ieuh.”
“Enya ieu ge lain rek ngadu angklung di pasar..”Jawabna leuleuy ,”Tapipan utamana jalma kudu rea batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma. Niat kami ge kadinya tujuan mah,”
“Tah mun kitu, cara nu kudu diome. Dibere duit sajuta ge ari dialungkeun kana beungeut bari nyungkun mah, moal daek najan butuh. Teu cara sapuluh rewu diasongkeun bari make tatakrama. Pasti na karasa genah. Tembal kuring bongan mapandekeun kana pupuh.
“Jadi memang enya, ngarang teh aya nu rek ditepikeun?” Cenah
“Kudu. Sabab naskah, karya nu bakal ngomong, nu nulis mah keuna ku paeh Anapon dina nafsirkeun beda-beda, heu..eta mah, kumaha sayaga henteuna, copong henteuna pangaweruh nu nyampak. Cara patani nempo gambar kitri, pasti nafsirkeunnana bibit kalapa. Tapi mun guru nu nempona, moal henteu nafsirkeunana lambang pramuka. Padahal maksud nu ngagambar mah, sirung harepan.Teu bisa dipaksa, ari kaweruhna ngan semet kitu mah. Apan kawengku ku hiji tatanan interpretasi kana objek, nu luyu jeung pangaweruh nu nyampak. Ceuk Si Dadap koneng, ceuk Si Waru hejo ari matak mangpaat keur dirina mah, antep we.”
“Enya ketah, tong boro karek sastra, dalah agama ge nu geus puguh sungapanana , geus puguh aturanana, geus puguh contona, beda nafsirkeun nepi ka beda ngamalkeun. Nepi ka Islam, Kristen kawas katumbiri”. Pokna
“Karya Nietzche, dasarna mah protes kana pamahaman dogma, nepi ka dina salahsahiji puisina, Nietzche kungsi ngajorowok, Tuhan sudah mati di kayu salib. Eta sababna manehna mempersetankeun pemerian, latar tempat jeung waktu, dibungkus ku eksistensialisme. Beh dituna, embung kawengku ku aturan budaya, ngarembet ka Sutardji Calzoum Bahchri, nu embung dijajah ku makna kecap. Rembes ka Iwan Simatupang, ngajungkir-balikkeun ajen, ruang jeung waktu, malah ngeclak ka Yudistira Ardhi Nugraha, rame ngalalakon Arjuna Mencari Cinta. Kabeh ge sah we. Kadar beda-beda panafsiran nu maca, da geus beda dunya ieuh. Dunya proses kreatif, dunya maca, malah antara pangarang jeung karanganana kawas jeung anak tere. Antep salila naskah bisa ngomong mah. Hartina nu mere ajen kudu lega ambahan.” Tembal kuring. “Jadi mun kabeh carita kudu nu aramis, nu matak hegar, atuh ipis biwir.cengeng bin melankolis. Pan hirup mah teu hideung-bodas. Aya wewengkon kulawu, malah aya wewengkon ngabelegbeg. Ciri sejenna, ceuk nunulisna mah alus karya teh, ceuk nu maca mah goreng jeung sabalikna.Atawa ceuk nu nulis mah deet pisan tema teh, ceuk nu maca mah jero cenah.Heu antep we”.Ceuk kuring deui
“Enya kawas kana carita Si Kabayan aya nu nyebut “a” aya nu nyebut “A”, malah teu saeutik nyebut “B” tapi pan nu beda kitu teh kudu meunang pituduh sangkan nepi kana sikina.” Cenah
“Mun narima, mun neugtreug dina pamadegan sorangan? Jeun teuing asal argumenna objektif, ilmiah,da….” Kuring kandeg kaburu disabet manten omongan teh
“Ah masih dasarna ilmiah ge, angger intuisi milu nyatur. Paling untung diadumaniskeun.”Cenah
“Jadi rek nanahaon atuh, andika wani-wani nyempad karya kuring pedah teu saluju jeung lelembutan sorangan? Naha geus nyaho kitu batur jenuk balarea ge sarua jeung andika? Can tangtu.Teu bisa andika nibankeun vonis kitu wae, komo bari tatapakanana inggeung”. Ceuk kuring bari ngaleos rek mimiti ngarang. Teu dihalangan, teu dicekelan peupeuteuyan teh ayeuna mah. Tapi kuring ngagebeg, sabab dina computer teh geus pinuh ku tulisan. Barang disidik-sidik sakur nu disawalakeun jeung manehna bet geus ditulis kabeh, geus nyampak. Malah kereteg hate kuring ge geus aya, asup kana naskah. Rek dicawad rek dipoyok rek dialungkeun ka jarian, sabodo teuing, nu penting pangna nulis teh, pangna ngarang teh, aya tepikeuneun.Newak jeung ngokolakeunana mah, kumaha pikiran sewang-sewangan we. Cag