Categories: Pawitra
Date: Apr 4, 2008
Title: Karawitan Sunda Karya Mang Koko Ngahudang Sumanget Mikanyaah Lemah Cai
Kabeneran meunang ondangan kelas vip, atuh diuk teh dina korsi bodas alias panghareupna, jajaran kadua tukangeun kang Ading (RAF). Ti barang dating ge geus beda haeubna, aya rasa nu susah disebutna, nyaliara kana saluar awak. Nu sidik mah rarasaan teh asa aya dipilemburan. Tiis tentrem taya nu ngarobeda di pasieup gellik suling nu halon hawar-hawar, nyulusup kana sanubari , nu ngan urang Sunda nu bisa ngarasakeunna.
Tembong para inohong Sunda sarumping, aya Pa Mashudi, Rektor Unpad pa Himendra, kang Ading jeung inohong sejenna. Pisaparapatjameun deui ka bubuka, jol Pa Agum Gumelar, diiring ku pa memet hamdan, kepala Disbudpar Jawa Barat, Kang Wigandi Wangsaatmadja, Nano .S jeung loba deui liana.
Aula Hoten Horison nu kawilang lega teh, meh taya hiji korsi nu kosong, Da puguh di henteu-henteu ge sarerea nganteng katineung ka Mang koko teh. Dalah kuring ge nu can kungsi tepung sacara fisik, ukur ngadenge lagu-lagu Mang koko tina hariring pun bapa, teu burung karasa rada nyeak awak teh, nyeak campur muringkak, lain ku sieun, tapi kebek katineung.
Dina kitu n amah saha nu teu wawuh ka mang koko, inohong karawitan nu geus ngambah dunya. Malah cek beja, urang Amerika colohok nempo jeung ngadenge Mang koko ngacak kacapi dib roadway teh. Saur Pa Dani, Gupernur Jawa Barat ge, Mang koko teh budayawan nu nyongcolang, leubeut pangajenna, rea meunang pangakuan, mboh di wewengkon Nusantara, atawa di mancanagara. Matak pantes saur pa mashudi, urang Jawa Barat sanes kedah reueus wungkul nanginng Mang koko teh kacatet dina sajarah seni, nu kudu jadi eunteung enggoning ngahontal udagan.
Saur pa Himendra , Rektor UNPAD, hal sanes nu kedah diemutan ku urang sadayana patali sareng Sunda, kedah diihtiaran kumaha carana malar seni soara Mang koko dipiwanoh ku barudak urang nu masih keneh sarakola di SD, SLTP jeung SLTA, malah mandar ku wanohna barudak kana seni sora Mang koko teh wanoh deui kana atikan budi pakerti jeung tatakrama nu kiwari geus ngoredas. Beda deui pamanggih kang Ading (RAF), saurna Gending (komposisi karawitan) anu lumrah disebut “aransemen’ dina karawitan Sunda, jadi ciri karya wanda anyar Mang Koko . Boh dina intro, gelenyu nepi ka panyelang “instrumental’ na pisan, jadi komposisi anu sabbobot jeung nu kedal dina kawih . Basa ditanyakeun ka Agum Gumelar ngeunaan mang Koko, jawabna, seni karawitan karya Mang Koko sanes mung ukur kabutuhan hiburan, tapi karya seni nu pinuh ku ajen atikan (Emosional Quality atawa Spiritual Quality). Kukituna penting masyarakat sadar, ceuk Agum nu kungsi jadi tatangga Mang koko di jalan Jurang, neanmgan tarekah anyar keur ngaronjatkeun kreativitas kabudayaan dumasar silih asih, silih asah jeung silih asuh. Di sagigireun eta, Mang koko teh hiji pamingpin seni budaya nu jujur, pinter , wani tur pikaajriheun.
Pagelaran dibuka ku lagu Badminton, nuy ditembangan ku para inohong jeung kasepuhan, kaasup pa mashudi, pa agum malah Aom kusman ge digupay kudu milu tembang. Para inohong nu tadina asa-asa teh barang geus tembang sabalikan, embung eureun, tambah saballikan deui, sabalikandeui. Puguh ge lalaguan mang koko mah genahna nyecewb kana sanubari.
Saterusna diselang-selang ku narasi Yayat Hendayana nui ngebrehkeun saha Mang koko, ti keur burey di indihiang nepi ka pindah ka Bandung taun lima puluhan, malah gede di Bandung, mjeung sagala perjuyanganana. Dituluykeun ku barudak SD Karang Pawulang , dina garapan Taman Cangkurileung, ditema ku Taman Bincarung ku SLTP 48 Bandung, diteruskeun ku taman Setia Putra ti SMKN 10 Bandung.
Panyelangna, Anggana Sekar Eka Gandara dina lagu Bungur Jalan ka Cianjur jeung Ida Rosida dina lagu Reumis Beureum.
Garapan konser seni karawitan Mang Koo, leubeut ku lalaguan ti jaman taun 60-an. Teu karasa, antara reueus, agul, nineung, campur ngagulung jadi hiji, cimata ngalembereh, pamungkasan pagelaran, ku narasi Yayat Hendayana nu du’a ka arwah Mang koko. Acara geus lekasan, panongton masih keneh dariuk teu ingkah.us! meh tabuh 12 peuting.(*)