Salaka Edisi Online

Upacara Ngunduh Mantu Jeung Upacara Ngarunghal

Ku: HJ Titien Gilang MS

Nohonan jangji sim kuring dina pedaran pangjejer rupa-rupa acara pangantenan, terasannana kana bab ngunduh mantu.
Anu dimaksud ngunduh mantu nyaeta salametan atawa syukuran anu diayakeun di patempatan kulaawarga panganten pameget. Kalebet kana acara walimatul ursy keneh, pikeun ngawawar ka baraya kulawarga ti pihak pameget yen geus lumangsung kalawan lungsur langsar pernikahan tanpa halangan harungan.

Ngirit Energi

Ku, Rahmat Afandi

Presiden RI Susilo Bambang Yudhoyono, kungsi umajak ka sakumna rahayat pangeusi nagri, yen sarerea kudu caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket,sabab di luaran haga minyak nerekel, geus nincak 120 US Dolar/barelna. Jadi wayahna cenah, urang Ceuk nu palinter tur arapal mah, energy teh lain ngan ukur bahan bakar wungkul, lain listrik, atawa tanaga cai, angin, atom, nuklir, geothermal, atawa thermonuklir wungkul. Ari nu kaasup energy teh cenah oge, sumberdaya-manusa. Panalekna, naha sumberdaya manusa, milu kakuras, atawa boros? Data ngeunaan ieu hal, teu kapanggih, da teu dijieun data statistikna. Kungsi ketah aya panalek ti St. Alisyahbana, ngeunaan kurang produktifna jalma di urang. Pagawe nagri di urang digawena teu leuwih ti 1500 jam dina sataun. Sedengkeun di Jepang mah leuwih ti 2100 jam/taunna. Tah ieu energy tina sumberdaya-manusa di urang. Jadi digunakeun naon atuh gegedena energy sumberdaya-manusa di urang ? Panalek ieu teh, kungsi ditanyakeun ka pemrasaran, dina hiji diskusi panel. Sang pemrasaran, ngajawab singget : “Keur ngomong” cenah. Deuleu etah, naha enya kitu? Tapi mun urang wani jujur, memang enya, bangsa urang resep loba ngomong. Leuwih loba ngomong batan gawe. Bari nu diomongkeun teh urusan cetek, urusan tektek-bengek, tapi ngomongna loba pisan.

Maca Buku, Lir Ngumbara Di Sakuliah Dunya

Jaman kuring kakara bisa ngeja aksara, buku anu paling munggaran “dibaca” nyaeta Ensiklopedia Indonesia, lantaran eta buku anu ngawengku 3 jilid teh (Seri A-E, F-M jeung N-Z) salawasna nampeu na ‘kolong’ meja. Memeh asup TK oge, kuring remen ngabulak-balik eta buku, najan sakadar nempoan gambarna wungkul oge. Salila genep taun sakola di Sakola Rakyat (SR, kiwari SD), eta ensiklopedia teh ampir salawasna marengan waktu salse kuring. Ari geus ngabulak-balik eta buku, tara karasa waktu teh ujug-ujug geus liwat.

Kaca ka 1 ti 9  > >>

Deherba