Salaka Edisi Online

Kamari Mah Can Aya

Aya saurang turis Amerika naék taksi nuju ka Setasion Bandung. Tayohna mah manéhna téh rék ka Jakarta. Sapanjang jalan manéhna loba tatanya sual wangunan, da ceuk pangaku manéhna ka supir taksi, cenah di Amérikana téh manéhna sok ngaborong wangunan.
“Ini gedung apa namanya?” ceuk éta turis nanya ka supir taksi waktu ngaliwat ka jalan Gatot Subroto.
“Oh, itu gedung Lippo Tuan,” témbal supir taksi.
“Berapa lama dibangunnya?”
“Seingat saya, gedung itu dibangun antara dua sampai tiga tahun,”
“Lama sekali yah. Kalau di Amérika membangun gedung seperti itu cukup satu tahun.”

Shalat Mayit

Dijaman ayeuna teu saeutik jalma anu tara Shalat, boboro ning Shalat sunat, anu fardu oge tara! Siga Mang Kanta. Sok sanajan boga gedong sigrong, mobil pabalatak aya kana genepna, tapi ari urusan Shalat mah eleh ku tatanggana nu imahna oge rek runtuh. Hiji waktu kabeneran aya anu maot, kulantaran geus jadi tradisi di kampung mah, lamun aya anu maot teh sararea sok ngilu sibuk, ngilu mantuan ngalikeun, nyolatkeun, ngafankeun, jeung rea – rea deui. Atuh Mang Kanta oge teu tingaleun, sok sanajan tara Shalat oge ari dina urusan kitu mah, era kasebut na cenah, lamun teu nempo – nempo acan mah.

Gancangna

Dua urang Ibu-ibu anu dibawa tugas ku salakina naek kana pesawat jet kanagaraan... kabeneran saumur-umur kakara oge naek pesawat jet,di satengahing awang-awang aya pramugari ngaliwat, saurang ibu-bu nanya ka eta pramugari.
Ibu-ibu :"neng!...neng, ari ieu pesawat teh lumpatna ngaleuwihan gancangna sora?!"
 

Kaca ka 1 ti 22  > >>

Deherba