Salaka Edisi Online

Panjalu

Ku: Djodi Prihatna SA

Panjalu ngaran hiji desa di kacamatan Panjalu, kabupaten Ciamis, provinsi Jawa Barat. Desa Panjalu sakaligus jadi ibukota kecamatan Panjalu. Prasarana jalan ka eta tempat memang hade. Boh nu asalna ti kulon atawa wetan. Ti kulon, utamana ti Bandung ngajugjug Panjalu ngaliwatan desa Ciawi, Panumbangan. Jauhna aya kana 100 km. lamun ti wetan nyaeta ti Cirebon atawa Kuningan ngajgjug Panjalu ngaliwatan Panawangan jeung Kawali jauhna kurang leuwih 30 km.
Luyu jeung lingkungan alam padesan nu ngabogaan kasangtukang sajarah jeung budaya anu cukup narik, Panjalu ngabogaan lingkungan geografis pagunungan anu alus, tengtrem jeung endah. Pendudukna mangrupa masrakat anu agraris. Hal ieu dilantarankeun Panjalu dikurilingan ku pagunungan tur taneuhna subur. Tapi kiwari ku ayana kamajuan dina widang transportasi jeung komunikasi nu dibarengan ku ningkatna kamampuh dina widang pendidikan, orientasi pagawean penduduk mimiti ngeser kana perdagangan, transportasi jeung jasa.

Drs. Ahmad Adib Zein, Sunda Mukimin Nu Geus Nyunda

Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG

Perbedaan kultur henteu jadi panghalang pikeun Adib dina enggoning nyanghareupan kahirupan. Malahan ayeuna inyana leuwih ngarasa jadi urang Sunda. Nu asalna Sunda mukimin, hayang jadi Sunda pituin. Calon tetep Anggota DPR RI ti daerah pamilihan kota Bandung jeung Cimahi ieu teh nyuhunkeun andum pangdua ti kadang wargi Jawa Barat, mugi usahana hasil dina Pemilu 2009 nu bakal datang. Kang Adib, kitu nenehna teh, nyaeta salasahiji kader PAN pejuang reformasi. Perjalanan hirup panjang lalaki kalahiran Tanjungpinang, Riau, 48 taun katukang, anu geus mukim di Bandung leuwih ti 30 taun. Bakat kapamingpinan memang ngocor disakujur awakna . Kalawan pidua ti bapa Wan Mohamad Zain Abdullah sarta indung Wan Dara. Bapana teh aktivis Masyumi, tuluy jadi PNS, jadi camat sababaraha kali di daerah mencil di Kapulauan Riau.

Babasan & Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.







Kyai Haji Abdul Halim

(KH Abdul Halim, inohong nu milu ngadegkeun Nahdlatul Ulama meunang pangajen Pahlawan Nasional, dina Jumaah tanggal 7 nopember 2008)

Salahsaurang Inohong Sunda Nu Milu Ngadegkeun NU Taun 1926 Di Surabaya
Kh Abdul Halim (1887 – 1962) pituin urang leuwimunding-majalengka, dipercaya jadi a’wan(pangbantu) dina untuyan pangurus nu munggaran.kacatet dina dokumen organisasi.
Satemenna ngaran aslina mah otong syatori, sabada munggah haji, ganti ngaran jadi hj.abdul halim dumasar kana eusi ensiklopedia islam, abdul halim dina umur 10 taun geus lancar maca al qur’an, ngaguru ka sababaraha kyai di jawa barat jeung jawa tengah nepi ka umur 22 taun. Dina selang-selang nyuprih elmu di pasantren, inyana diajar ngabuniaga, dagang batik, minyak seungit, jeung kitab-kitab pangajaran agama.

Babasan & Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.







Kyai Tapa

Kyai Tapa aya onjoyna lamun dibandingkeun jeung pahlawan-pahlawan sejen. Sanajan inyana urang Banten, tapi ambahan perjoanganana lega, lain berjoang di wewengkon Jawa Barat wungkul. Kungsi ngagabung jeung urang Mataram anu keur perang ngalawan Kumpeni di Pati, Jawa Tengah. Mantuan pasukan Cakraningrat di Gresik jeung Madura, Jawa Timur. Tujuanana nya eta nyingkahkeun kakuatan deungeun anu ngereh lemah cai. Anu dimaksud lemah cai ku Kyai Tapa lain ngan kasultanan Banten atawa tatar Sunda, tapi sakuliah nusantara. Eta nandakeun perjoangan Kyai Tapa henteu dumasar kana sikep kadaerahan.

Pameran Buku Bandung 2009

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Ketua IKAPI Pusat, Setya Dharma Madjid, mere apresiasi sangkan unggal siswa jeung guru di sakola atawa kantor wajib nyarita make basa Sunda. Anu jadi dasar pamikiranana, lantaran wilayah urang, Jawa Barat, seni budayana Sunda, buku-buku muatan lokalna make basa Sunda, nya tangtu nyaritana ti cacah nepi ka menak kudu make basa Sunda. Hal ieu dipairan ku Kadisdik Kota Bandung, Drs. H. Oji Mahroji, yen sabenerna geus lila aya palaturan sangkan para siswa, guru, pagawe kantor di Bandung mah unggal poe Rebo wajib nyarita make basa Sunda.

H. Rahmat MAS

Sastrawan jeung Tokoh Penerbit Sunda

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Ku lantaran kaahlianana dina penerbitan Rahmat teh hayang pisan nerbitkeun buku agama. Ngan bae tacan bisa kalaksanakeun lantaran kaburu maot. Di kulawargana Rahmat ngawajibkeun anak incuna nyarita dina basa Sunda. Lantaran apan pangajaran anu munggaran teh ayana di kulawarga. Ari ngarasa urang Sunda mah, nyarita atuh dina basa Sunda. Ulah ngarasa sungkan atawa sieun salah nyarita make basa Sunda. Da mun salah nyarita mah, engke ge aya nu menerkeun.
H. Rahmat Marta Adi Subrata, atawa Rahmat MAS, dibabarkeun kaping 9 Juli taun 1930 di Bandung.
 

Puisi

Puisi-puisi Asep Idjuddin

Soerjo Argawisastra, Pajoang Jeung Tokoh Koperasi

Kagiatanana dina widang koperasi ti alam penjajahan keneh, nepi ka ahirna dina jaman pamarentahan Bung Karno, pamarentah ngadegkeun Departemen Koperasi. Dina widang kamiliteran kungsi jadi tentara Peta, TNI Angkatan Darat, ari pangsiunna mah ti TNI Angkatan Udara. Kungsi jadi anggota JOP, KBI, Persitas, malahan jadi wartawan Cipatahoenan. Bulan Agustus loba tanggal anu penting. Lain bae alatan mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus, oge dina tanggal 17 Agustus sakumna bangsa Indonesia mieling Hari Kamerdekaan Republik Indonesia. Dina raraga Hari Kamerdekaan taun ieu SALAKA medar riwayat hirup salasaurang pajuang kamerdekaan, anu oge tokoh Koperasi Jawa Barat, nya eta Kolonel (Purn) TNI-AU Soerjo Argawisastra (suwargi).

Kaca ka 1 ti 21  > >>

Deherba