Mohammad Toha, Pahlawan Bandung Selatan
Urang Bandung pada arapal, terminal, Kebon Kalapa, mun teu salah awal taun 70-an tadina terminal Mohammad Toha, diganti jadi terminal Abdul Muis.Jalan nu ti jalan Pungkur nepi ka Bypas Soekarno-Hatta, disebut jalan Mohammad Toha, aya pasar tukangeun ITC Kebon Kalapa, ngaranna pasar Mohamad Toha. Malah aya SD ngarana SD Mohammad Toha. Saha ari Mohammad Toha teh? Rada hese neangan jalma nu apal kana raratanana, galur bajuangna, komo kana riwayat hirupna,Mohammad Toha. Ukur tatalepa tina cenah kana cenah nu jolna ti kolot, nu kungsi milu jadi pajuang angkatan 45. Mang Didi, nu disarebut Abah hiji kolot nu legok tapak genteng kadek, lega ambahan pangalamanana, malah kungsi jadi pajuang 45, milu ngarebut kamerdekaan Indonesia.
Tarumanagara, Karajaan Gede Di Nusantara
Dina taun 348 Masehi, aya saurang maharesi hindu ti kulawarga Calankayana ngungsi ka pulo-pulo kiduleun India. Inditna diiring ku murid-muridna, tentara, rahayat awewe-lalaki, sabab nagarana diburak-barik ku raja Samudragupta. Jenengan eta maharesi teh Jayasingawarman, anjog ka pulo Jawa tuluy matuh di Jawadwipa bang kulwan (Jawa Barat), sanggeus samemehna meunang pangbagea tur diidinan ku Sang Prabu Dewawarman VIII (Raja Salakanagara), nu jenengan aslina Darmawirya, teureuh kulawarga Palawa, sarua aki-buyutna papada pangungsi ti India.
Hubungan Sunda Jeung Galuh
Geus dijelaskeun tiheula, yen Tarusbawa diganti ku Sanjaya dina taun 723 M.Dina taun eta keneh Sanjaya bisa ngarebut karjaan Galuh “warisan ti bapana” tina kakawasaan Purbasora, Ki kituna Sanjaya geus hasil malikeun deui kakawasaan Taruamanaga dina hiji leungeun, eta kajadian geus ngajadikeun Pakuan mangrupa puseur pamarentahan, sabab Sanjaya cicing di eta ibukota Sunda.Sanggeus nalukeun Indrawarman, Sanjaya ngarasa yen saheulaanan ancaman ti Sriwijaya,leungit.





