Tauhid Prinsip Munggaran Pikeun Masyarakat
Ku: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG
Tauhid nandeskeun yen “umat Islam teh umat anu hiji anu pangeranna Allah. Ku lantaran kitu pek geura sembah sarta ngawula ka Anjeun-Na”. Tauhid ngandung harti yen jalma-jalma nu saiman teh dulur, anggotana silih mikacinta di jalan Allah, arinyana saling mepelingan pikeun ngalaksanakeun kaadilan jeung kasabaran. Arinyana sakabeh pada nyekel tali Allah nu panteng, teu kapisahkeun ku naon bae oge. Arinyana mibanda hubungan nu hade, sarta ngajauhan kajahatan, tur taat ka Allah sareng rasul-Na.
Visi umat Islam ngan hiji, kitu deui parasan atawa kahayang jeung tingkah paripolahna. Umat mangrupa tatanan manusa anu diwangun ku konsensus tilu bagian: akal, hate, jeung leungeun.
Kautamaan Sabar
Ku, Kamin Islamin
Alloh SWT, ngibaratkeun sabar teh, cara kuda nu teu kungsi kendor, pedang nu tara mintul, prajurit nu tara eleh perang, atawa benteng tangoh nu teu bisa ditobros. Sabar jeung karahayuan, ngarupakeun dua dulur kembar. Al Qur’an nerangkeun yen Alloh SWT, muji ka jalma-jalma nu sabar, binarung pahala nu tan wilangan. Jalma sabar salawasna disarengan ku Alloh SWT. Sakumaha pidawuhna dina surat Al Anfal, ayat 46, ”Sabar, satemenna Alloh, teu petot-petot nyarengan jalma-jalma nu sabar.” Ku kituna jalma-jalma nu sabar bakal pinanggih jeung kabagjaan, kauntungan, narima kanyaah Alloh, dunya akherat, narima ni’mat lahir batin, sabab salawasna disarengan kakawasaan, kaagungan Ilahi Robbi.
I’tikaf
Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG
I’tikaf nyaeta cicing di hiji tempat bari tirakat. I’tikaf nu ilahar nya eta cicing di masjid 10 poe pamungkas dina bulan Romadon, lantaran Rasulullah ngalaksanakeun eta hal unggal Romadon nepi ka pupusna. Anjeunna kagungan sababaraha etika (aturan) nu kudu ditengetkeun sangkan I’tikaf mere hasil nu dipiharep, sarta jelema anu I’tikap teh kaluar ti masjid kalawan dosa-dosana geus dibere ampun. Di antara aturan pikeun ngalaksanakeun I’tikaf, nya eta:





