Agustusan
Ku: Asep Hermawan Sanudin
Lain heureuy, resep pisan mun mangsa ka tukang. Komo pas keur usum sakola SD. Ngadenge isukna rek 17 Agustusan teh resep we nu aya. Rebun-rebun geus hudang. Sabab rek milu pawai ka lapang Padomasan nu teu jauh ti kampung kuring. Teu sirikna ijigimbrang hayang geura make siger, jeung dicemongan. Apan uing rek pawai dina seragam kuda lumping atawa Ebleg ceuk urang Sunda mah. Ngan hanjakal, teu boga rompi. Dasar bolon daripada neangan kalah ka mewek. Kuring luwa-lewe teu puguh. Ti dituna mah stress meureun sabab batur geus didandanan ari uing acan. Nini surti nempo talajak kuring nu nyegruk leweh deukeut sumur. Gancang manehna neangan rompi ka tatangga nu kabeneran sakola SD keneh.
"Yeuh pake! Jung geura mangkat geus ditungguan ku Teh Enin rek dirias!" ceuk nini.
Aki Satimi
Ku: Asep Hermawan Sanudin
Di lembur nyingkur jauh ti dayeuh hirup aki-aki nu pahatu lalis. Nyangkewok cicing dina sauung bilik nu geus dihakan ku rinyuh. Hateupna tina injuk. Hareupeun imahna aya bangku tina awi paranti ngadaweung. Tukangeun saung digedeg ku pager awi. Paranti ngukut hayam jeung meri. Saungna geus doyong. Mun aya hujan angin pasti rungkad kabawa. Di tengahna aya samak salambar, hawu paranti ngaliwet, jeung kendi wadah cai tina taneuh beureum.
Aki Satimi katelahna, aki-aki tujuh mulud umur geus ngagayuh ka wanci sareupna geus bau taneuh kuburan.
Buruh Pabrik
Carpon, Japar Sidik
Hawa nu biasana tiis téh poé éta mah asa teu béda jeung di Jakarta, panas bayeungyang kitu nu karasa ku Ubéd harita. Manéhna geus méh aya sataunna di Bandung, buburuh di pabrik Tisu. Tisaprak kaluar sakola és ém pé Ubéd milu gawé ka dulurna di Jakarta, dipabrik roti, meunang meureun kira-kira dua taun mah, tuluy pindah ka pabrik textile dikawasan Berikat Nusantara, Cakung.
![]() | Keda Paraguna |






