Salaka Edisi Online

Bilih parawargi sadaya gaduh pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran mangga dugikeun ka Salaka Online ngalangkungan Uparengga Palalangon atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka redaksi@salaka.net

Seja Aub

Cecep R. Rusdaya:

Ass. wr.wb,
Sasieureun - sabeunyereun, seja aub hoyong ngeuteuban peperenian Kasundaan dina rohangan SUNGKEMAN KAHEMAN keur Ki Sunda, manawi kawidian!!!
Hatur nuhun.
Wassalam.

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.

Patarosan

Yogi M . Kamil:

Assalamualaikum,
Nepangkeun, wasta simkuring yogi, ayeuna ngawulang di SMKN 1 Majalengka. simkuring asli sunda, mung kirang nyunda, masih diajar keneh kana jeroan kasundaan teh ti ngawitan basa, budaya tug dugi ka seni musikna.
Ari anu dipimaksad teh kieu, simkuring sok sering mendakan basa-basa sunda nu rada aheng sapertos anu janten judul rubrik dina ieu situs. contona : mustari, guruwerti, lalayang, paraloka, purbastiti, byapari, pawitra oge basa-basa anu sok aya dina seni sastra atanapi suara oge paribasa.
Janten aya patarosan :

  1. naha eta teh basa sunda asli ? tapi henteu digunakeun dina basa loma, atanapi basa serepan tina sansekerta?
  2. simkuring panasaran pisan kana koleksi basa anu kitu teh, tapi hoyong terang sareng hartosna, sapertos dina situs ieu. tah manawi kersa, henteu ngaabotkeun, bade nyungkeun daftar kecap / basa sareng hartosna (sapertos kamus mini). dikirim wae via imel ka : mustafakameel@yahoo.com 3. atanapi dimuat dina majalah sawala, mung sapertosna majalah sawala mah teu lebet k majalengka, pami di bandung milarina di mana nya?

Hatur nuhun pisan, neda sihapunten wirehing tumorojog bari ngarerepot.
Hatur nuhun pisan
Baktos tinu nuju diajar
Yogi M . Kamil
SMKN 1 Majalengka

Salaka Online:

Ngahaturkeun rebu nuhun ka pangersa Yogi M.Kamil.

  1. Eta sadayana basa Sunda kuno, nu kapendak tina naskah kuno SIKSAKANDA NG KARESYAN. Upami pangersa palay uningan basa-basa kitu, mangga aos SIKSA KANDA NG KARESYAN, AMANAT GALUNGGUNG, CARITA PARAHYANGAN, CARITA RATU PAKUAN, CARITA WARUGA JAGAT. Tarjamahna tos aya di MUSEUM SRI BADUGA BANDUNG.
  2. Saleresna hartosna tos aya dina kamus alitdina majalah SALAKA online, punten sanes SAWALA. Saena klik www.salaka.com.

Baktosna, Redaksi majalah Basa Sunda SALAKA online.

Kamus Harti

Kang Mumu:

Geuning aya nu masih keneh nu ngamumule basa sunda mugia kuayana salaka majalah online basa sunda ngajadikeun urang sunda pangpunjulna di jagad ieu, mung sim kuring sakedik bade usul, mun tiasa di satiap ahir tulisan di tambihkeun kamus harti na kumargi sim kuring masih keneh aya basa basa sunda nu teu apal, punten abdi hoyong tiasa basa sunda nu leres tur murwakanti.

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Insyaallah pamundut ti pangersa bakal janten perhatosan.

Nyumponan

Nanang Suanda:

Alhamdullilah, rupina anu Kagungan nyumponan kana kereteg hate sim kuring, mendakan dulur salembur, ku nyobi-nyobi ayeuna parantos kapendak, Hatur nuhun.
Mugi-mugi sing janten obat.

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.

Prabu Kian Santang

Mustofa:

Yang Terhormat Redaksi Salaka,
Saya Mustofa. Saat ini sedang mencari sejarah Prabu Kian Santang. Untuk itu, saya minta tolong diinformasikan emailnya, atau nmr tlpnnya Ibu Ike Tasrika (Redaktur Salaka). saya ada sedikit perlu dengan buku Sejarah Sunan Rahmat Suci yang pernah beliau kutip. Atas perhatian dan kesediaannya saya haturkan terima kasih.
Mustofa

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Sadaya patarosan tiasa dikintun ka redaksi@salaka.net. Haturnuhun.

Ngawanohkeun Basa Sareng Budaya Sunda

Nana Supriyatna:

Alhamdulillah, tos pendak sareng majalah online basa sunda tos lami abdi milari, nembe pendak ayeuna mugia aya mangfaatna utamina kanggo ngawanohkeun basa sareng budaya sunda ka barudak

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.

Alamat Email Salaka

Didi Supriadi:

Asalam. kang bade nyuhunkeun deui alamat email salaka, nu kangpungkur ical hatur nuhun kang sateuacana mugia tetep jaya

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Alamat email Salaka redaksi@salaka.net.

Kiansantang Ngalangkangan

Ahmad Kosasih:

Assalamu'alaikum
Saparantos maca salasawios artikel, Kiansantang Ngalangkangan, sim kuring mendakan hiji perkawis anu rada kirang. Nya eta nyutat ayat al-Qur'an.
Aya aturan "transliterasi" tulisan arab kana tulisan laten. Nu kabaca ku sim kuring dina Kiansantang ngalangkangan, teu keuna kana aturan anu matak salah arti, salah terjemah, salah ma'na, anu balukar na salah tafsir.
Hatur nuhun.
baktos,
ak

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.
Manawi teu kaabotan, punten conto cutatan ayat Al Qur'an dina Kiansantang Ngalangkangan teh anu palih mana?
Aya oge cutatan teh tina batu tulis. Nu dimaksad ku pangersa anu mana?

Conto Panganteur

Zainal Wahidin:

Alhamdulillah, parantos aya gening majalah online basa sunda. hatur nuhun, tos ngaraos kabantos dina perkawis budaya sareung basa urang sundateh janten nambihan.
Kang punten manawi tiasa hoyong conto kanggo panganteur acara kanggo acara-acara resmi sapertos kagiatan ka agamaan, nu ngangge purwakanti atanapi istilah-istilah sunda sanesna.
Hatur nuhun sateuacana.

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.
Conto Panganteur: Ass. Wr. Wb.
Alhamdulilah wasukrulillah wani'matillah wamawallah walahaolawalaquwwata ilaabillah ashaduanla ilaha illaloh wa ashadu anna muhammadan abduhu warosulluh, allohumma robis rohlisodqi wa yasirli amri wahlul ukdatam milisani yapkohu qouli, ama ba'du.
Puja urang sanggakeun ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, puji sidik pasti dibaktikeun ka gusti ilahi robbi, syukur dihaturkeun ka Hyang Agung warobun ghoffur anu parantos ngersakeun ku kudrat sareng irodatNa ka urang sadayana, tiasa ngumpul ngariung patepung lawung paamprok jongok patepang raray patarema rasa dina ieu haplah mubarokah....(walimtul urus/maulid nabi/syukuran) shalawat sinareng salam mugi tetep ngagelengeng ka jungjunan alam nabi Muhammad saw kasadaya kulawargina tur ahli bait mugia wae pepecetran sholawat dumugi ka urang sadaya umatna anu ngalaksanakeun sunnahna.
Purwa anu kapihatur awon heunteu kapiunjuk langkung tipayun ngahaturkeun wilujeng sumping ka sadaya para wargi anu parantos rurumpaheun ngaluangkeun waktos kersa nyumpingan ieu pajemuhan, namung teu hilap jisim kuring atasnami calagara seja neda agung cukup lumur jembar hampura anu kasuhun tina sagala rupi kaireugtalingeuhan tur sagala kakirangan bilih kirang tata titi duduga peryoga.
Kalih perkawis, luyu sareng runtuyan acara mangga urang teraskeun kana acara salajengna biantara pangbagea ti shohibul bait anu bade didugikeun ku pun ...jst.

Paraloka

Akang Warjo:

Assalamu''alaikum Salaka online....
Masalah agama (paraloka) tos lami teu di Update, mohon di update sesuai perkembangan saat ini, seperti masalah maulid nabi, perayaan hari besar agama... dll.
(hapunten abdi teu bisa bs sunda, abdi orang jawa tapi suka bs sunda).. hatur nuhun...

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Insyaallah pamundut ti pangersa bakal janten perhatosan.

ArchiveKeda Lalayang

Deherba