Kota Bandung Mimiti Tarung Madungdungkeun Gerakan Pramuka
Dina raraga nyumponan pameredih ti Ka Mabinas, nyaeta Presiden Soesilo Bambang Yudhoyono, sangkan pramuka ngayakeun Revitalisasi dina taun 2006, nya mimiti taun 2009 ieu Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Kota Bandung ngayakeun rupa-rupa kagiatan, ti mimiti Kursus nepi ka kagiatan sejen. Awal taun 2009 diayakeun KPD (Kursus Pelatih Pembina Pramuka tingkat Dasar) dina awal Januari 2009 diiluan ku leuwih ti 60 urang ti kota Bandung, Kab. Sumedang, kab Tasikmalaya, kota Banjar. Sarta kota Bandung ngirimkeun utusan 30 urang.
Dialog Imajinatif G. P. Jeung Purnawarman
Di Karaton Jayasingha, Sang Raja Purnawarman Dharma Mahapurusa, nuju lenggah dina korsi gading gilangkancana,nu bahanna tina batu hideung, lebah panyarandean dipapaes gurat-gurat emas ngawangun gambar nyiruan..Panganggona bodasan sanes tina sutra cina, tapi tinunnan ganassabrang. teu ditalian atanapi dikancingan, kulit dadana nu bodas sembada, dipasieup bulu ngajumpluk, diantep ngabuliglag. kahandapna lancingan saules, ditutup lawon dodot dua warna bodas-hideung, miturut warna bandera Tarumanagara. Sampeanana ditarumpah, tina kulit meong nu dibalikkeun. Mastakana dipapaes ku makuta salaka sisina dipasiep ku kulit meong. Basajan pisan keur ukuran raja mah.
Pangjejer Rupa-rupa Upacara Adat Sunda Dina Acara Pangantenan
Ku: Hj Titien Gilang MS
Purwana sim kuring kumawantun medar pangalaman saperkawis jadi panganteur acara pangantenan, reh na nalika ditepangkeun ku Kang Djodi dina majalah Sunda kareueus urang sadaya,nyaeta majalah langit SALAKA Online .kasabit-sabit hobby anu jadi pagawean ngandung kabungah tur ngahasilkeun. Isin taya papadana dikomentaran kitu teh,siga anu komersial ngadagangkeun budaya warisan karuhun anu wajib di mumule,diwaris harti teh kudu tukuh kana jangji,supados tiasa ngawariskeun ka anak incu, ti generasi ka generasi sangkan henteu luntur ku jaman.





