Salaka Edisi Online

Pagelaran Wayang Golek Ku Basa Inggris

Pangalaman Kang Iwan nyebarkeun budaya Sunda di Australia.

Ku : DR. H.Iwan Natapradja.

Dina bulan ka genep, mahasiswa nu diajar Karawitan teh geus kacida tapisna dina nabeuh gamelan teh . Atuh dina palebah pangaweruhna oge sarua majuna, boh dina  bagbagan elmuning dasar karawitan, boh Sunda, Jawa atawa Bali.

Urugna Gunung Wayang

Ku: Kang Fauzi

Kajadian alam anu teu asup ku akal, teu kaharti ku pikir mangrupa totonden atawa naon bae bisa karandapan ku manusa dina hirup kumbuh sapopoe. Kajadian aheng anu kungsi ka alaman ku padumuk di wewengkon Desa Majalaya di Kampung leuwidulang dina taun lima puluhan oge mangrupa kajadian alam anu teu kaharti kuakal. Kajadian ieu teh karandapan sarta nyata kaalaman ku balarea sakur padumuk anu aya di sisi walungan Citarum.

Yully Budiarti, Nyanyi Ngan Saukur Hobby

Ku: Kang Fauzi

Dunya tarik soara, dunya anu satiap waktu bakal ngadatangkeun bahla mun teu bisa ngajagana. Gosip jeung omongan sumbang , boh ti tatangga atawa ti batur sapropesi bisa mandegkeun karir nu milampahna. Kitu meureun anu kaalaman ku Yully Budiarti kalahiran Bandung 27 Juli 1977 dina mekarkeun karirna widang tarik soara alias nyanyi anu geus meh 18 taun icikibung bari teu weleh nampa cocoba. Tapi leukeun di lakonan alatan kabisa dina widang ieu teh sok sanajan ngan ukur hobby , tapi bisa ngahasilkeun duit anu lumayan.

Dodol Ganas Subang

Ti kota Bandung, kasohor ku peuyeumna, ti Sumedang oleh-olehna tahu, kitu oge ti kota Garur kasohor dodolna the.Sabenerna kaolahan dodol the , lain ti kota Garut bae, tapi ti Kabupaten Subang oge kasohor ku dodol ganasna, Rasana ngeunah bari karasa ganasna, kusabab dijieunna oge tina ganas.

Masjid

Tina: Naskah Catetan “Masjid”. R. Soerjo Argawisastra

Upami simkuring tumaros ka salasaurang muslim “Naon ari masjid teh? Dina umumna waleran anu bakal katampi kieu: “Masjid teh nyaeta tempat ibadah (solat) babakuna solat Jumaah” Eta waleran kacida leresna, namung upami ditingal tina segi makna anu saleresna eta waleran teh kirang leres. Atanapi langkung sae disebatkeun setengah leres, upami pangajenna ati-ati pisan mah.

Pamadegan

Carpon, Asep Idjuddin

Nu nguriling mirig jempling, ngajingjing hiliwir angin,nyanding bangbalikan pikir, mipir dikir jeung hariring birit peuting. Ngiclik ngilitik nuturkeun suku, muru pungkasan balitung gunung. Taya suda nu karasa, ngan halabhab nyaliara, binarung renghap randegan, muka buliklakan dada, tempat ngambah nu balaka. Taya nu muni nyumputkeun, taya nu wasa ngadoja, dalah ambahan talaga, teu daya nyangga pulia. Bongan saha make sangup jadi jalma, nu pancen mawa amanat, sebarkeuneun sabuana. Ana geus nyoledat letah, jadi jauh pamuruyan, pedah kasurung pamadegan.

Urang Sunda Geus Leuwih Ti Heula Nyaho Jadina Dunya

Ku Kang Fauzi

Kira-kira saabad saacanna Immanuel Kant nguarkeun teorina, asal-usul planet bumi.

Witan sargakala niking bhumitala. Bhumitala pinakagni dumilah mwang uswa. Prayuta warca tumuli kukus peteng rat bhumandala canaih-canaih dhumanaratawa sirna. Bhumi mahatis. Yadyastub mangkana tatan hana janggama. Ateher bhumandala nikang dadi prawata lawan sagara.

Babasan & Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.







Tangkal Korma Di Alun-Alun Bandung

Aneh bin ajaib, tangkal korma nu biasana dipelak di wewengkon Afrika, Pakistan jeung Timur-Tengah, dipelak di alun-alun hareupeun masjid raya Bandung, bet buahan. Leupas tina kondisi iklim, PH taneuh, atawa kabiasaan alam, buahanana tangkal korma di Bandung, jadi ciri leuwih ngayakinkeun kakawasaan jeung kaagungan Mahasuci, Alloh SWT. Hartina taya nu mustahil kanggo Alloh SWT mah. Meujeuhna urang sarerea nafakuran diri, geus nepi ka mana, sumujud bakti ka Mahasuci, dina ngalaksanakeun amanah? Boh akidah, ibadah hablumminannaas, boh hablumminalloh. Boh ibadah mahdoh atawa ibadah khoer mahdoh. Utamana dina hirupkumbuh campur gaul, boh sasama mahluk, sasama jalma muslim, atawa leuwih seukeutna antara lalaki jeung awewe, nu muhrimah, atawa nu lain muhrim. Naha teu leupas tina papagon, atawa geus teu make papagon? Subhanalloh.

Karajaan Galuh (II)

Rambat kamale politik perkawinan
Kajadian putra mahkota Galuh boga orok, teu wudu ngageunjleuhkeun kalangan karaton Galuh. Wretikandayun satekah polah niiskeun kariweuh ku cara nyingkurkeun Mandiminyak ti karaton, ku cara ngawinkeun Mandiminyak ka Dewi Parwati putrid Kartikeyasinga raja Kalingga, Jawa Tengah. Ku eta perkawinan, Wretikandayun lain ukur untung bisa ngarepehkeun pasualan, tapi sakalian boga balad kuat keur tatan-tatan ngabebaskeun Galuh ti Tarumanagara. Taun 674 Kartikeyasinga wafat, karajaan dikawasa ku istrina, Ratu Sima, kalawan gelar Sri Maharani Mahisasuramardini Satyaputikeswara.

Kaca ka 1 ti 21  > >>

Deherba