Karajaan Galuh (3)
Indraprahasta Ngarojong Galuh
Purbasora geus hasil nyingkirkeun Sena kulantaran make pasukan Indrapahasta. Ku urang geus kanyahoan, yen Maharaja Wisnuwarman, raja Tarumanagara ka 4, ngaganti pasukan bhayangkarana ku pasukan ti Indraprahasta, nu gede wawanen, ulet, satia, tur maher ngagunakeun panah. Indraprahasta teh ayana di wewengkon Cirebon Girang, nu diadegkeun ku Maharesi Santanu, nu asalna ti wewengkon Gangga—India, taun 363 M. Maharesi Santanu kabur ti nagarana, dibeberik ku pasukan Samudragupta.
Karajaan Sumedanglarang (II)
Pangeran Angkawijaya alias Geusan Ulun, dijungjunglungguh jadi raja Sumedang, 13 bulan sabada wafatna Pangeran Santri. Kaharti sabab harita Geusan Ulun umurna Karek 22 taun, sdengkeun nurutkeun tradisi heubeul, nu diangap dewasa teh umur 23 taun. Ari sababna nu utama, nurutkeun Pusaka Kertahumi I/2, nya eta: Ghesan Ulun nyankrawartti mandala ning Pajajaran kang wus pralaya, ya ta sirna, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedanglarang haneng Kutamaya ri Sumedangmanala. (Geusan Ulun marentah wilayah Pajajaran nu geus runtag, nya eta sirna ti bumi Parahyangan. Karaton ieu raja Sumedang teh ayana di Kutamaya di wewengkon Sumedang).
Karajaan Galuh (II)
Rambat kamale politik perkawinan
Kajadian putra mahkota Galuh boga orok, teu wudu ngageunjleuhkeun kalangan karaton Galuh. Wretikandayun satekah polah niiskeun kariweuh ku cara nyingkurkeun Mandiminyak ti karaton, ku cara ngawinkeun Mandiminyak ka Dewi Parwati putrid Kartikeyasinga raja Kalingga, Jawa Tengah. Ku eta perkawinan, Wretikandayun lain ukur untung bisa ngarepehkeun pasualan, tapi sakalian boga balad kuat keur tatan-tatan ngabebaskeun Galuh ti Tarumanagara. Taun 674 Kartikeyasinga wafat, karajaan dikawasa ku istrina, Ratu Sima, kalawan gelar Sri Maharani Mahisasuramardini Satyaputikeswara.





