Salaka Edisi Oktober 2009

Bilih parawargi sadaya gaduh pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran mangga dugikeun ka Salaka Online ngalangkungan Uparengga Palalangon atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka redaksi@salaka.net

Reueus Ku Salaka Online, Pangsiunan PT TELKOM & Rumah Baca Buku Sunda

Mamat Sasmita (http://rumahbacabukusunda.blogspot.com):

Assalamualaikum Wr Wb
Hatur nuhun kana kintunan emailna, Alhamdulillah ngiring reueus ku medalna Salaka Online, mugia Salaka Online nanjeur langgeng ngambah dunya.
Sim kuring ngaraos prihatin ngaos wartos aya pangsiunan Ti PT TELKOM anu janten "pemulung" dina Salaka Online sasih Agustus 2008, leres manajemen PT TELKOM sapertos anu henteu paduli ka luluhurna anu paratos pangsiun ayeuna.Duka kedah kumaha nodel mamarasna para inohong Telkom teh, sim kuring ge sami pangsiunan ti PT TELKOM, mung sim kuring pangsiun taun 2007, janten keuna ku aturan anu rada ningkat dina kenging mangfaat pangsiun.
Kanggo salajengna upami ngintun info perkawis Salaka tiasa ka email sim kuring xxxxxxxxxx@telkom.net, sim kuring ge di rorompok gaduh Rumah Baca Buku Sunda, koleksi teh ari seueur mah henteu mung kanggo tamba kawaranan mah bilih bade ngaos buku basa Sunda Insya Alloh aya. Ari dijumlah-jamleh mah koleksi buku teh aya kana 5000 bukuna, mung anu basa Sundana mah kirang langkung 2000, nu sanesna basa Indonesia, Inggris, Walanda mung tetep perkawis Sunda (Jawa Barat).
Alamat sareng sanesna tiasa diaos dina blog http://rumahbacabukusunda.blogspot.com
Wassalamualaikum Wr Wb

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan serat sareng bewara ngenaan "Rumah Baca" na.

Ngarojong - Ngarojong Bari Teu Bro!

Pandji Muhammad - Aceh (Meulaboh):
Dukung tah Salaka ku para inohong nu garaduh artos teh. Ulah ngan ngarojong-ngarojong bari teu bro! Teraskeun kang, Salaka online teh ,teu eleh ku urang sabrang. Sina kabaca ku urang Sunda sadunya!

Naskah Drama

Soni

tolong dong kirim naskah drama ke email saya.....

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Kaleresan dina danget ieu Salaka teu gaduh naskah drama. Hapunten anu kasuhun.

Salaka Club & Salaka Koresponden

Andi (Jakarta):

Sim kuring satuju sareng rekan Ardjakusumah ngeunaan SALAKA Club. Sapertos nu sanes we. tampilkeun fotona teras alamat sareng lain-lainna. Khusus we : SALAKA CLUB tiasa janten seueur wargi, boh anu ti luar negeri atanapi urang nyalira. Oge sim kuring usul, kumaha upami aya koresponden ti nagri-nagri nu sanes ulah ti Amerika bae sapertos dina balandongan mung ti USA, Naha teu aya dulur urang anu ti nagri sanes tiasa janten Koresponden?
Hatur nuhun.

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Alhamdulilah dina danget ayeuna mah nembe aya saurang anu kersa janten koresponden. Bilih pangersa atanapi aya kadangwargi nu sanes anu kersa, tiasa ngintun E-mail/Surelek ka redaksi@salaka.net.

Ngantos Salaka Tiasa Teras Ngaguar Sajarah Sunda

Irma.P (Sukajadi Bandung):
Pribados nyumpingan salaka kahiji sareng anu kadua, geuning Sunda teh Jembar, Sunda teh pikareueuseun. Peryogi pisan di uningakeun ka barudak ayeuna utamana sajarah Sunda anu "leres" (prepantun).
Dina edisi sasih April pribados ngaos sajarah Jawa Barat, tapi dina edisi kadua teu aya. Naha mung sakitu wungkul? Pribados ngantos Salaka tiasa teras ngaguar sajarah Sunda supados urang Sunda teh tiasa terang kana karuhunna sorangan. Hatur nuhun.

Abdi Reueus Ku Tampilanana

Astri Wulandari, Skep (Bandung):
Aya nu ngawartosan ngeunaan majalah SALAKA online, teras dibuka, sae pisan utamina mah dina basana, sok sanaos teu kenal eta basa uparengga, paraloka, paraguna teh. Mung sebagai urang sunda abdi reueus ku tampilanana. Mudah-mudahan SALAKA tiasa teras terbit.

Dimana tiasa ngagaleuh "SALAKA"

AbSjam99:

Dimana tiasa ngagaleuh "SALAKA" na....? Mangrupi buku alit, tabloid, atanapi lembar lepas/brosur? Hargi sabarahaan ayeuna teh...asa tos lami teu mendakan di pasaran...
Sok sing mararajeng nya....

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Alhamdulilah dina danget ayeuna mah Salaka nembe aya dina edisi online, mudah - mudahan kapayun na, upami pareng, tiasa ngadamel Majalah Digital (PDF) sareng edisi cetak na.

Kalepatan ngetik, Patilasan Karuhun, Raden Dewi Sartika, Kamus Alit sareng Salaka versi PDF

Bambang Wibisana (Bengalore, India):

Alhamdulilah geuning ahirna Salaka edisi Juni medal oge, hatur nuhun! mung sim kuring gaduh sababaraha pamundut kanggo Salaka, upami tiasa:

  1. Kalepatan ngetik dina naskah - naskah anu aya di Salaka dieliminir satiasa mungkin, kumargi eta cekap ngaganggu, di hiji sisi artikel na sarae, di sisi anu sanes, anu nyeratna katinggal rusuh sareng aya sababaraha artikel anu nganggo bahasa campuran (Indonesia - Sunda) sapertos dina Belenyeh. Padahal Salaka mah pan Sunda pangancikan Kula!
  2. Salami ieu ampir teu aya hiji oge media (kaleubet Salaka) anu ngabahas ngenaan patilasan karuhun urang, sapertos Candi, Prasasti atanapi patilasan Karajaan - Karajaan anu aya di Tatar Sunda, tah upami tiasa Salaka ngabahas ngenaan hal ieu, kumargi sim kuring yakin sanes wungkul Borobudur anu tiasa dibanggakeun ku Nusantara tapi di Tatar Sunda oge aya, malihan mungkin wae langkung aheng ti batan Borobudur (sanes ukur "Candi Palsu" sapertos Candi Cangkuang!). Hatur nuhun pisan kanggo artikel "Tarumanagara Karajaan Gede Di Nusantara" dina Prepantun.
  3. Sim kuring ngaos artikel ngenaan "Teh Ucu Tisna Subita, boga kabisa ti Raden Dewi Sartika?" dina Guruwerti, tiasa upami Salaka ngabahas Raden Dewi Sartika na? sim kuring yakin eta bahasan bakal menarik, kumargi langkung tipayun sareng langkung ageung jasa Raden Dewi Sartika kanggo emansipasi istri, tinimbang RA Kartini (anu ukur di gede - gedekeun ku pamarentahan Suharto/Jawa, ngarah katinggal Jawa langkung ageung jasana ka Nusantara tinimbang suku bangsa anu sanes na anu aya di Nusantara), saur pamendak sim kuring.
  4. Kumargi sim kuring mah sok sanaos urang Sunda tapi tebih tina katiasa nerapkeun Basa Sunda anu leres tur sae, tiasa upami dina setiap artikel Salaka nganggo Kamus alit sapertos dina artikel "Puncak Budaya Cirebon" dina Guruwerti?
  5. Upami Salaka medalkeun edisi PDF na teu? upami aya, sim kuring bade pesen hiji, wios upami kedah meser oge, supados tiasa ngaos Salaka iraha bae teu kedah ngalangkungan salaka.net/nganggo internet salalamina.

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna, Insyaallah bakal janten perhatosan.
Perkawis versi dijital (PDF), kanggo edisi kahiji dugika edisi katilu teu acan aya, mudah - mudahan kanggo edisi salajengna tiasa medalkeun versi digitalna dina bentuk PDF.

Teras Ngaguar Sajarah & SALAKA Club

Ardjakusumah (Sumedang):

Wilujeng nepangan Salaka ka genep, mugi teras ngaguar sajarah sunda ulah dientet-entet. Saran ti sim kuring, mugi redaksi ngabuka SALAKA Club atanapi naon bae namina supados para rumaja tiasa caket sareng SALAKA, caket sareng Sunda utamana bahasana, Hatur nuhun.

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Insyaallah pamundut ti pangersa bakal janten perhatosan.

Pangbejakeun ka Baraya nu di Sarakan

Mg Alloy Jambi (www.dkinsjambi.co.cc):

Bungah pisan diparinan tepang sareng kang Djodi ti Salaka. Geus ti beh ditu keneh hayang pisan amprok jeung tukang nulis urang sunda, rek ngawanohkeun Jambi nu geus dianjrekan salikur tahun, ti kawit bujangan tepi ka geus boga bujang can kaparengkeun wae. Maksud teh rek menta pangbejakeun ka baraya nu di sarakan yen di Jambi oge ngalayah manusa sunda anu tangtuna jeung laku-budayana. Ti kawit tukang ngored kebon sawit, tukang ngarambas geutah karet, tukang onggok di palabuhan, tukang siomay - gadogado - tekwan, jrd malah tepi ka tukang pajabat, aya..
Ari derr teh minggu ka dua Juli, ngurunyung ka saung butut majar aya wartawan Bandung --pasti ti Galura-- pedah rumasa ngalanggan ti 1990-ayeuna (bari lambat mayar teh) "sanes, akang mah ti salaka dot net". sakawit mah taki-taki da inggis naroskeun nu lain-lain, komo bari dijajap ku Kang Agus Bogor (Arkeolog) da anjeunna nu apaleun yen kuring kungsi narima Anugerah Pelestari Budaya-Jambi 2006, padahal kuring urang Kuningan. Nanging, Kang Djodi teu tetelepek tepi ka dinya, da eta sigana rada gura-giru hoyong ngaprak di Jambi teh sangkan mulang teu keupat wungkul, katambih pe el en kanceuh unggal dinten.
Atuh ngawangkong teh sahayuna we, rek diopian oge nampik "teu kedah engke we kapayun ka Jambi deui mun meujeuhna usum kadu" sumangga agan, mangga diantos..

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.

Kaca ka 1 ti 9  > >>

Deherba