Salaka Edisi Oktober 2009

Bilih parawargi sadaya gaduh pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran mangga dugikeun ka Salaka Online ngalangkungan Uparengga Palalangon atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka redaksi@salaka.net

Kursus Bahasa Sunda

Nashrudin

Piniju Pisan upami SALAKA ngadeggen kursus bahasa sunda

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.
Mangga tangtoskeun tempat sareng kursisten na, bade saminggu 2-3 kali oge, mangga kumaha kapalay (sakantenan damel jadwal na).
Kanggo narasumber tangtoskeun honor na oge sanaos eta teu mutlak, margi aya 3 garapan, elmuning basa, sastra, sejarah.

Buku Conto Pidato Seserahan

Nashrudin

Kedah kamana pribados milari buku-buku conto pidato seserahan ku basa sunda.margi ping 13 diperedih kutatanggi

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.
Aya 2 buku di Salaka, mung panginteun kedah di fotocopi atanapi tiasa oge ngagentosan tilas motokopi sareng ongkos kanggo ngintun na, engke di pang motocopikeun teras dikintun ka alamat pangersa.

Papatah Sepuh Ka Panganten

Ubad Saefudin

Bapak/Ibu
Cobi abdi nyunkeun di kintun papatah sepuh ka mempelai (istri+lalakina) anu ngangge bahasa sunda abdi seorang Bpk rek magahan ka 2 mempelai dina waktos pangantenan, tapi hoyong ku basa sunda. Nah ayeuna abdi bingung pisan, upami aya coba abdi nyuhunkeun bantosanana di antos nya bu/Bapak

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.
Di Salaka aya buku sawer panganten, mung panginteun kedah di fotocopi atanapi tiasa oge ngagentosan tilas motokopi sareng ongkos kanggo ngintun na, engke di pang motocopikeun teras dikintun ka alamat pangersa.

Referensi Basa Sunda

Solahudin SMI

Saya perlu referensi untuk pelajaran bahasa sunda misal kalau saya mau paham penjelasan kata "jambatan" saya bisa lihat dimana (secara online)
Hatur nuhun

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Tiasa ditinggal dina Purbastiti Salaka

Uga Padjadjaran

Dedi Suryadi:

..Sunda Nanjer, mapag uga padjadjaran anyar

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.

Joledar Kana Budaya Sorangan

Aam Amir Hamzah:

Geuning aya majalah sunda online....rumaos lepat salami ieu abdi tos joledar kana budaya sorangan... reueus pisan rarasan teh, komo upami ninggal para inohong salaku ais pangampih, katurug dijejeran ku aktivis Pramuka. hiji organisasi anu syareatna tos ngangkat abdi tina sagala kabuntuan laku. alhamdulillah....

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna.

Karajaan Sumedanglarang (I)

Eka Nurhamidah:

Upami sajarah sumedang larang (I) tiasa diuwihan deui?

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Karajaan Sumedanglarang (I) tiasa dipilari dina Keda Prepantun, Klik Prepantun (http://www.salaka.net/Prepantun) teras klik Keda Prepantun (http://www.salaka.net/?page=Prepantun_Archive).

Ieu Majalah Terbit Atanapi Heunteu

Didi Supriadi:

Asslam? wilujeng siang? kang/ ayi/ teteh /nyai, abdi bade tumaros ari ieu majalah terbit atanapi heunteu, tos nyampe keluar kabupaten teu? kumargi di daerah abdi teu acan aya rumpaka? hatur nuhun seuteucana di waler

Salaka Online:

Hatur nuhun kana kintunan seratna. Dina danget ieu, Salaka mung aya dina edisi online, teu acan aya edisi citak na.

ArchiveKeda Lalayang

Deherba