Poe Pere Dipindahkeun, Nguntungkeun?
Geus sababaraha kali dunya pendidikan ngalaman pere pikeun mieling hari raya kaagamaan dipindahkeun. Lamun perena Salasa atawa Rebo dipindahkeun ka poe Senen, lamun perena Kemis atawa Jumaah jadi poe Saptu. Sabenerna hal ieu ngarugikeun kana proses diajar-ngajar dina poe Senen jeung Saptu. Muga-muga taun anyar ieu mah moal kajadian deui.
Kujang Gagaman Piandel
Ku: Hj. Titien Gilang Hadi
Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pameredih ti nu maca Salaka anu aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal usulna sebutan Kudyang anu kiwari kawentar disebut Kujang. Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh. Sabenerna ti baheula keneh oge kujang teh sok dipake pakakas pikeun tatanen, salian ti jadi pakarang, pangarak, jeung pusaka. Wujudna anu onjoy dibandingkeun jeung pakakas tradisional lianna anu sajaman nembongkeun sipatna anu jadi ciri mandiri.
Dialog Imajinatif G. P. Jeung Purnawarman
Di Karaton Jayasingha, Sang Raja Purnawarman Dharma Mahapurusa, nuju lenggah dina korsi gading gilangkancana,nu bahanna tina batu hideung, lebah panyarandean dipapaes gurat-gurat emas ngawangun gambar nyiruan..Panganggona bodasan sanes tina sutra cina, tapi tinunnan ganassabrang. teu ditalian atanapi dikancingan, kulit dadana nu bodas sembada, dipasieup bulu ngajumpluk, diantep ngabuliglag. kahandapna lancingan saules, ditutup lawon dodot dua warna bodas-hideung, miturut warna bandera Tarumanagara. Sampeanana ditarumpah, tina kulit meong nu dibalikkeun. Mastakana dipapaes ku makuta salaka sisina dipasiep ku kulit meong. Basajan pisan keur ukuran raja mah.





