Salaka Edisi Oktober 2009

Tana Toraja

Ku: Kang Fauzi

Mangtaun-taun Tana Toraja jadi "imajinasi mistik" dina hate kuring. Teu kitu kumaha, beja ngeunaan Pesta nguburkeun mayit anu cenah sakitu megahna,mayit  diteundeun mangtaun-taun dijero imah, tulangtaleng di jero gunung batu jst. Mangrupa gambaran Tana Toraja anu jadi impian. Hate nerejel hayang datang ka eta tempat.

Kujang Gagaman Piandel

Ku: Hj. Titien Gilang Hadi

Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pameredih ti nu maca Salaka anu aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal usulna sebutan Kudyang anu kiwari kawentar disebut Kujang. Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh. Sabenerna ti baheula keneh oge kujang teh sok dipake pakakas pikeun tatanen, salian ti jadi pakarang, pangarak, jeung pusaka. Wujudna anu onjoy dibandingkeun jeung pakakas tradisional lianna anu sajaman nembongkeun sipatna anu jadi ciri mandiri.

Undak Usuk Basa

Asuhan Ike Tasrika, S.Pd.

Mekarna Diri Rumaja

Manusa teh mahluk sosial nu hayang terus mekar, sangkan bisa nyaluyukeun diri jeung lingkunganana. Kamekaran diri pikeun manusa teh sangkan hirupna leuwih boga harti jeung sangkan bisa nepi kana tahapan ideal luyu jeung kapasitas sewang-sewangan. Ngamekarkeun diri dipilampah ti leuleutik keneh. Kolot miboga peranan anu penting dina raraga kemekaran diri budakna. Waktu geus ningkat rumaja, tugas kolot teh mimiti dicekel ku dirina sorangan, sanajan kolot jeung lingkungan masih boga peranan nu nangtukeun.

Kaca ka 1 ti 52  > >>

Deherba